
Gelikna sora suling, di tambah ku jentréngna sora kacapi,
ngahudangkeun katineung rasa. Bray, dina implengan, kacipta pakusarakan anu
jadi pangbalikan, lembur matuh karang pamidangan, lembur kuring, anu hejo lémbok,
cur cor cai, matak
betah tur tumaninah,
hirup kumbuh di lembur ngariung jeung dulur. Ari seug kuring, ayeuna aya
dipangumbaraan, jauh ka dulur, anggang ka baraya. Lieuk deungeun, lieuk lain.
“Ema! Bapa, hampura lain kuring, tamélar jolédar ka aranjeun!
Pidu'ana nu di anti-anti siang sinareng wengi,
kuring aya dina kabagjaan sanajan
di
pangumbaraan. Ema! Bapa! kuring rumasa ,can bisa mulang tarima, sugan isuk
atawa géto kuring balik jadi TKW, bisa mulangkeun kanyaah, sok sanajan ukur
sacanggeum béas, anu dibawa’’ Gerentes haté, bari reumbay cimata.*Mbi Chymepm*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar