SOBAT MANJANG
Tengah peuting keur meumeujeuhna tibra saré. di lembur Lémpar dua jirim tingjuringkang di pipir imah Bu Asti. Randa ngora hadé rupa. Kawuwuh pindahan ti kota. Awakna mulus taya cawadeun. Bu Asti geus dua taun nyicingan imah éta, saprak salakina maot, kapaksa pindah ka kampung anu cenah mah améh teu katingali waé tapak-tapak salakina jeung niiskeun pikir tina harénghéngna kota. Bu Asti boga babaturan sakola nu jadi wartawan,ngaranna Andi. Mun aya nanaon nya sok BBM-an, da puguh asa jeung dulur pet ku hinis.
Nu tingjuringkang tingketeyep nyampeurkeun jandéla babuna nu ngaran Bi Onih.
“Yakin babuna keur balik?” ceuk Jubér nu maké kupluk hideung ngaharéwos.
“Enya, tah ieu pangkéngna mah, cenah!” jawab Jahro bari ngadeukeutan jandéla.
Puguh bangsat gerot, nyokéel selot gé ngan saurileu. Kalacat, Jahro jeung Jubér mancal kana jandéla. Terus ngeteyep ka tengah imah. Jahro jeung Jubér babagi tugas ku isarah.
“Sip!” ceuk Jahro bari ngacungkeun jempolna. Laju asup ka kamar Bu Asti.
Di kamar ukur dicaangan ku bohlam lima watt. Rét Jahro ka nu keur ngagolér, panon Jahro mata simeuteun ningali bitis Bu Asti. Gebeg, Jahro ngagebeg, inget ka Jubér, lamun ngalakukeun nu teu uni heug teu bébéja, boa jug dihabek sirah ku peureup Jubér anu buleud. Jahro ngeteyep ngadeukeutan Bu Asti. Barang geu deukeut, teu tata pasini, sungut Bu Asti dibekem. Bu Asti reuwas liwat saking, gancang ngagurinjal .
“Saha manéh?” ceuk Bu Asti neger-neger manéh.
“Montong loba bacot, laanan kongkorong, geulang, ali jeung éta génggé!” Jahro morongos.
“Ké heula, rada hésé! Urang di luar ngalaananna!” Bu Asti aya akal. Terus turun tina ranjang. Bari ngadégdég Bu Asti kaluar ti kamar teu poho ngajéwang hapé ti gigireunana.
Sanggeus di tengah imah, Bu Asti ngahurungkeun listrik. Barang bray, katingali Jubér keur ngalaanan anténeu tipi.
“Saacan mikeun ieu perhiasan, kuring mah hayang dipoto heula. Dipotona hayang jeung Si Akang itu?” ceuk Bu Asti bari nunjuk ka Jubér.
Ngadéngé sora awéwé, Jubér ngarérét. Barang rét ka Bu Asti, gambar écéng minuhan sirah jeung panon Jubér. Komo ningali daster Bu Asti nu carang mah. Beuh, kangaranan lalaki teu kaop nungali awéwé nu méncrang gampang sérah bongkokan. Lanu Jubér nyampeurkeun ka BU Asti. Duanana narangtung gigireun Bu Asti, Jubér di kénca, Jahro di katuheun Bu Asti. Panon maranéhna ningali kana buah dada nu ngabuah gedang. Biwir Jahro jeung Jubér karumétap.
Ceklék! Ceklék! Sababaraha kali Bu Asti motoan. “Sakedap urang édit heula!” ceuk Bu Asti néangan akal. Dasar garong teu apal kana hapé canggih, manaréhna ngagugu. Sajeroning kitu, Bu Asti poto téh di-BBM-keun ka Andi, babaturanana nu kabeneran keur tugas di kantor pulisi nu jauh ti lembur Lémpar. Dina BBM-na diémbohan ku tulisan. “Tulungan saya digarong! Buru ayeuna ka dieu!” teu ngadagoan jawabanti Andi, Bu Asti langsung ngénéngkeun poto ka Jubér jeung Jahro.
“Tingal potona saé!” ceuk Bu Asti. Jubér jeung Jahro karumecrék, lat poho kana tujuan awal arék ngagarong.
“Néng kersa janten bojo Akang?” ceuk Jubér ééléngan gumasép.
“Mending ka Akang, Si Éta mah pamajikanana gé di unggal péngkolan, Akang mah duda!” Jahro mendelik.
“Ari manéh ngapeskeun déwék, rék di unggal péngkolan, rék di unggal lembur, nu penting mah kaparaban!” Jubér ngahoak.
Jahro ngeluk, aya sieun dihoak ku gegedugna mah. Tapi manéhna bangun nu keur mikir. Teu sawatara lila. Pok Jahro ngomong.
“Pék waé daékeun mah jinisna, ngan Si Enok keur kuring?”

Sakedapan Jubér ngahuleng, mikeun kumaha, teu mikeun kumaha.
Nu sabenerna mah apanan Enok téh panggeulisna diantara pamajikanana.
“Aéh ngadon taratih ieu téh? Hayu urang calik na korsi!” ceuk Bu Asti ngomongna jadi lemes da geus rada teteg haténa.
Gebeg, Jubér ngagebeg, teu tata pasini, muru korsi, terus diuk.
“Hayu urang calik, Kang!” ceuk Bu Asti noél Jahro. Nu ditoéel kalah ngajengjen. Bu Asti rikat nyekel pigeulang Jahro, terus ditungtun ngadeukeutan korsi. Bu Asti kitu téh angkanana mah mapanas Jubér sangkan sina paraséa. Da enya atuh, barang rét gé Jubér ningali Jahro ditungtun, beungeut Jubér katingali beureum cacak peuting mah, komo lamun beurang, wah sigana bakal katingali gurat-gurat ambekna.
“Antepkeun wé, Néng! Ogoan teuing, mending énggal calik caket Akang!” Jubér ngised diukna méré tempat keur Bu Asti.
“Kumaha sapuk nu tadi téh? Si Enok keur kuring?” Jahro mimiti bijil wawanén nyanghareupan baturna anu biasa dipikagimir ku manéhna.
“Kop téh teuing pangacakan déwék jeung geus lanyéd ayeuna mah.” Sora Jubér ngalaunan. Aslina mah Jubér teu mikeun Enok kudu nepi ka dikawin ku batur, enyana hayang ka Enok téh meunang hésé capé. Sasat kolotna nu jadi pupuhu lembur teu mikeun ari budakna kudu dicandung bari dikawin ku Jubér nu geus pada apal jelema jahat. Ngan beunang sotéh panan dibawa kabur ku manéhna.
“Akang-akang, dikantun sakedap nya? Mangga dilajeng ngobrolna, abdi badé ngabantun cai. Badé cikopi atanapi téh manis?” ceuk Bu Asti.
“Téh panas wé, Néng. Pan manisna mah cekap ku neuteup Enéng gé,” jawab Jubér bari ééléngéhan kawas domba begér nu geus ngambeuan bujur bikangna.
Sabot nyieun citéh, Bu Asti ng-BBM Andi. Ngumahakeun sangkan dua jalma anu teu diondang téh kacerek ku nu ‘berwajib’. Sakur anu dipapatahkeun ku Andi, Bu Asti ngagugu.
Réngsé BBM-an jeung nyieun citéh, Bu Asti nyampeurkeun deui ka nu duaan. Dua cangkir citéh ditunda na méja.
“Mangga dileueut, Kang!” ceuk Bu Asti sanggeus diuk.
Teu tata pasini Jubér jeung Jahro tingrarongkong kana cangkir nu dieusi citéh.
“Ditampi, Néng!” Jahro jeung Jubér méh bareng melong beungeut Bu Asti nu keur ngagelenyu.
“Nyanggakeun, punten teu aya kuah-kuéhna.” Walon Bu Asti.
“Pan kuéhna mah éta!” Jubér ngagilerkeun panonna ka Bu Asti.
“Dasar lalaki nurustunjung!” gerentes haté Bu Asti nu terus cengkat rék muka sosi panto hareup.
“Badé ka mana, Néng?” Jubér rada curiga, inggis Bu Asti ngageroan tatanggana.
“Hoyong nyeuseup hawa wengi, asa kakarebek kieu!” jawab Bu Asti.
Bray mukakeun panto anu terus nyeuseup api-api nyeuseup hawa.
“Tutupkeun, Néng. Tiris ah!” ceuk Jubér bari haténa gegebegan, inggis aya jalma nu nangénkeun.
Panto ditutupkeun. Bu Asti diuk deui na korsi, bari teu puguh rasa, sieun nu duaan téh merkosa manéhna.
Heuleut lima menit, panon Jahro mimiti linduk. Dlbelél-belél gé angger ceuleuyeu, lamun dina bohlam mah kawas bohlam nu lima watt.
“Cai téh nganggé naon, Néng? Ieu panon akang asa cepel kieu,” ceuk Jahro bari ngagisik-gisik panonna.
“Saré wé manéh mah, ayeuna déwék rék indehoy jeung Enéng, nya Néng!” Jubér cengkat.
“Hayu urang ka kamar, Néng!” Jubér ngajéwang leungeun Bu Asti.
“Ké sakedap, Kang! Ulah gurung gusuh. Jabaning Akang gé katawisna tos tunduh. Saé kulem wé na korsi!” ceuk Bu Asti bari ngépéskweun leungeung Jubér.
“Ngahina ka Akang! Ieuh, Akang mah tara saré na korsi!” Jubér nyeuneu. Napsu kalalakianana geus teu bisa dihalang-halang. Sakiceup Jubér rék ngarontok Bu Asti. Gancang Bu Asti ngagiwar. Jeduk, tarang Jubér kana panyarandéan korsi nu diukir.
Waktu Jubér rék cengkat, opat urang pulisi asup ka imah Bu Asti, dituturkeun ku Andi.
“Angkat tangan...!” saurang pulisi nodongkeun péstol.
Jubér ngagebeg, leungeunna ranggah, ari panonna melong ka Bu Asti
“Dasar bikang goblog! Pasti manéh nu laporan, rasakeun siah lamun aing bébas!” ceuk Jubér anu terus dibangkol ku pulisi.
Sanggeus Jubér jeung Jahro dibawa ku pulisi, tatatangga Bu Asti daratang, sabab ngadéngé nu ribut jeung sora mobil. Puk-pok naranya ka Bu Asti.
“Ti mana lebetna?” Pa RT nanya sanggeus aya di jero imah Bu Asti.
“Kirang terang. Cobi parios pantos pawon sareng jandéla-jandéla!” ceuk Bu Asti.
Sanggeus kapanggih ti mana asupna garong, Pa RT, Andi, Endu, Pa Bahri, Mang Ocim ogé Bi Asminah pamajikan Mang Ocim dariuk na korsi.
“Dupi Bi Onih nuju ka mana? Asa teu katawis,” ceuk Pa RT sanggeus mernahkeun manéh diuk gigireun Bu Asti.
“Nuju mudik, saurna mah badé nikahkeun putrana nu bungsu,” jawab Bu Asti.
Rupina aya urang dieu nu kongkow sareng garong, meni pas lebetna ti kamar Bi Onih,” ceuk Pa RT
“Kedah ditalungtik ieu mah, Pa!” Endu mairan.
“Tah, kaleresan aya Pa RT sareng kadang wargi nu sanésna, abdi seja tumaros, dupi di dieu teu aya nu ngaronda?” ceuk Andi méngkolkeun caritaan, ulah nyalahkeun teuing ka garong tapi di tiap wewengkon gé kudu aya nu ngajagaan lembur, nu utamana mah peuting.
“Numawi rasa manéh aman, tos lami tara aya nu ngaronda. Wengi énjing mah urang hangkeutkeun deui ngarondana!” jawab Pa RT.
“Saé upami kitu mah, ayeuna abdi badé sakantenan lapor ka Bapa, réhna abdi badé ngéndong di dieu, supados énjing tiasa nyarengan Bu Asti ka kantor pulisi, kanggé laporan perkawis kajantenan ieu.” Ceuk Andi panjang-lébar.
“Kulemna di kamar mana?” Pa Bahri tatangga nu mindeng ngelétan Bu Asti mairan. Inyana Pa Bahri téh aya haté kadua leutik ka Bu Asti, ngan teu wani kedal, da puguh boga pamajikan.
“Upami tunduh mah badé na korsi wé, mung rupina badé bagadang, sakantenan ngawurukan Bu Asti nu sasatna tos asa ka wargi pet ku hinis. Éta perkawis perhiasan anu dianggéna saéna mah ulah sagala dianggé teuing!” jawab Andi bari ngarérét ka Bu Asti.
“Muhun atuh, Ndi. Badé diical énjing mah. Nganggé nu kieu téh ning ngogan masalah. Sakantenan énjing téh jajap ka bank, rada sieun ah nyimpen artos di rorompok mah!” jawab Bu Asti.
“Tah kitu langkung saé,” jawab Andi.
Sanggeus ngobrol ngalér-ngidul, antukna nu ngariung di imah Bu Asti téh nungtutan mulang. Kari Bu Asti, Andi, Mang Ocim jeun Bi Asminah anu dicandet mulang.
“Réncangan abdi, Bi. Bilih dipitenah nu sanés pajar abdi itu-ieu sareng Andi!” ceuk Bu Asti.
Peuting isukna, di lembur Lémpar jadi haneuteun deui, di tiap pos ronda aya nu ngajagaan. Aya ogé nu tugas nguriling lembur, ngariksa kaayan, bisi teu kanyahoan deui aya jalma anu niat jahat.***