TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Jumat, 28 Desember 2012

Sangu Tonggéng





Hiliwirna angin nebak pucuk paré, ngupahan diri, rumahuh ripuh, nandangan sangsara balangsak, taya ka boga, késang laat léét nyiprukan sakujur awak.
Cul pacul di tunda heula, kusiwel muka botol nu eusi ku cai entéh bari, bawa ti imah, regot nginum. Hanaang ilang sakedapan. Renghap dada rada longsong, katingali juragan istri, tos kurumuy, mapah mapay galengan, bari dipayung mendung.
 Srog, juragan istri ngasongkeun boboko bari nyarios: “Mamang gera daang heula, hampura nya, rada beurang,”.
Teu diengkékeun deui, kedewek kana boboko bari terus muka timbel. Kuring rada héran, naha sangu timbel, meni badag pisan. Pok kuring nyarita:  ” Juragan istri, naha sangu téh meni ageung-ageung teuing, da moal kadahar ku mamang mah,”. Juragan istri ngawalon: ”Keun atuh teu séép mah, jang bekeleun ka imah mamang” Bari teras, juragan istri mulih deui ka bumina.
Sajongjonan kuring dahar, ni’mat pisan.
Réngsé ngeusian beuteung kuring reureuh  heula, ngumpulkeun tanaga. Gecruk deui kuring macul, népi ka wanci lohor, kuring balik. Satepina ka imah, anak pamajikan geus ngadagoan. Brak, sangu tonggéng dibuka, di ronyok ku anak jeung pamajikan.*Mbi Chymepm*

Rabu, 26 Desember 2012

Lampah Cakcak






Beletuk-beletuk, sora buntut cakcak, di ketruk-ketruk kana méja. Maksud ngageroan bikangna, sangkan datang ngadeukeutan. Teu kungsi lila, cakcak geus paduduaan, bari ararocon semu anu bungah pisan.

 Barang rét, jaluna ngarérét, kahiji lumur, nu eusina cai kopi, tinggal sarapatna deui. Pok jaluna didisana, kieu meureun babasaanna téh : “Néng, tingal, aya cai kopi. Hayu urang leueut ku duaan,”. Bikangna atoh pisan, keur mah lapar urut dioconan, tambah nyampak cai nu amis. Cakcak bikang tambah gumeulis, belecet miheulaan, gajléng kajero gelas, dituturkeun ku jaluna.

 Sapasang cakcak, suka bungah, kokojayan dina sagara kasenangan, teu apaleun maranehna téh, kana pimatakeunana. Cakcak anteng ngumbar citresna, tug népi ka leuleusna. 
Waktu rék hanjat, karék sadar, maranéhna teu bisa manjat, kualatan sukuna baraseuh tur lumurna tina gélas kaca. Sapoé sapeuting, cakcak di jero gelas, nu antukna cakcak paéh duanana.*Mbi Chymempm*

Selasa, 25 Desember 2012

Almenak





Sajongjongnan, kuring diuk dina korsi, dibarengan ku kelepusna udud, cai kopi nu lekoh, lalawuhna, sarupaning beubeutian, nu dikulub, kayaning: kulub hui jeung kulub sampeu,kulub ganjol ogé aya ngan hanjakal rada cangor. Lalawuh minuhan piring. Rét kana Almenak nu ngagatung dina bilik. Kojéngkang kuring cengkat, bari térus ditilik-tilik.
 “Geningan, bulan jeung tanggal téh, geus ampir katompérnakeun,teu karasa, umur téh beuki ngurangan,” Kuring bacéo, sajeroning hate,bari tetep, panon manco kana Almenak. Curucud teu karasa, cipanon maseuhan pipi. Reumbayna cipanon, lain nyeungceurikan Almenak, lain ogé nyeungceurikan, taun nu rék datang, kuring nyungsi diri, ku kalakuan taun kamari. Leuleus haté, ngaleketey, ramohpoy taya papadana. Dosa nu rohaka, waktu nyalsé kalah dipaké mépéndé haté, ulin kukurilingan ngambah dunya kasenangan. Sajadah buludru, dina lomari, diguar deui, ngamparkeun rasa, nu pernah milampah dosa. Almenak anu ngagantung, ngajadi bahan pépéling, keur kuring, anu kalangsu mopoho waktu.*Mbi Chymepm*

Kamis, 20 Desember 2012

Keueung






Asa ku aranéh, tengah peuting bari ngaririncik hujan leutik ditambah ku poék bulan. Hawar hawar aya sora kliningan, meni ngeungkeung  sorana bijil ti hiji gudang. Kuring ngoléséd ti pangsaréan, rét  ka si Kuntring nu morongkol teu dikeukeupan, ngan ukur disimbut ku samping kebat motip kembang, diamparan samak saheulay, tong boroning sepré  teu dikasur kasur acan.

Bray . . .panto dibuka dilalaunan, kasampak di buruan aya ucing hideung molototan, pelongna seukeut lir mata pedang. Kuring gancang nguliwed ka pipir, angkanan rék nyokot jas hujan nu ngagantung gigireun tarajé. Rét ka kolong, lebah hanadapeun golodog aya sandal jeung sapatu butut gigireun batu tatapakan. “aaah moal dipaké, mending nyékér”, gerentes haté.

Keteyep kuring leumpang ngajauhan, muru sora nu awor jeung cai hujan. Nepi ka lebah péngkolan, séaaaak bulu punduk muringkak, hiliwir seungit kembang, kuring culang cileung. Teu tata pasini, kuring balik deui sakalumpat lampét, tunggul di larung catang dirumpak. Keueung ! ! !*Mbi Chymepm*