TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Senin, 28 Januari 2013

IDOLA



Setiap orang akan terpengaruh oleh idolanya. Dan itu bisa terjadi tanpa disadarinya. Oleh karena itu walau terkesan ringan, perihal tentang idola ini adalah sesuatu yang sangat serius.
Mengapa..?
Karena ia akan mempengaruhi kehidupan anda, tanpa anda minta!

Sebagai seorang muslim, secara normatif yang mestinya menjadi idola adalah Rosululloh SAW. Karena Beliau adalah sebaik-baik idola dalam kehidupan.
Namun kenyataannya sekaligus problem adalah dimana kebanyakan kaum muslimin tak lagi menjadikan beliau sebagai idola sejati. Kalau toh pun ada, skebanyakan ebatas idola secara verbal, dan itu tak akan memberi warna yang signifikan dalam kehidupannya.

Bagaimana akan menjadikan beliau idola, apalagi mencintainya, sedang 'mengenal' nya pun tidak. Dan tak ada kemauan untuk mengenal beliau lebih jauh. Ditambah munculnya idola-idola 'yang menggoda' dihadapan dengan lebih 'nyata', semakin terlupakanlah sang 'idola sejati' yang semakin hari semakin meluntur dari jiwa kita... Astaghfirulloh wa naudzubillah.*Nutrisi Jiwa*

Kamis, 24 Januari 2013

Fiksi Mini



Palastra


Wanci peuting pilemburan sepi jempling. Budak leutik jeung awéwé geus blas-blus, arasup kana lombang di kolong imah. Dérédéd! Dérédéd! Sora bedil Géren dibekaskeun. Pangeusi lombang ngahéphép, ngadedempés. Bluk! Bluk! Sora sapatu gorombolan ngaliwat diburuan. Teu sawatara lila. Dooor! Aaaw…! Dooor! Allohu Akbar! Dooor! Jempling, nu di kolong beuki ngayekyek. “Palangsiang!” Nini kuring ngaharéwos. Satengah jam tiharita. “Engkus euy! Engkus téwas!” Buriak kabéh lalaki nu keur jaga, ngudag sora. Nyampak Engkus geus ngajapapang guyang getih di tengah jalan.



Angin Puyuh


Séooor. . .! Angin gedé nakeranan. Cai dina balong paburisat, kasedot siritbatara. Dorodooook! Gubrag! Imah kuring katinggang tangkal limus. “Nyi..! Do…! Ti...!” Kuring ngagorowok. Kocéak! Dodo anak kuring anu cikal. Dengék! Siti ceurik bari ngageroan indungna. “Ema…..!” sora Siti atra pisan. Angin leler, kuring kaluar tina tumpukan kai jeung kenténg nu patulayah. Getih baloboran teu di tolih. Gok, Dodo teu parna. “Pa, itu si dédé!” Ceuk Dodo bari nunjuk kalebah adina anu karungkupan dahan limus. Srog! Bréh! Siti anak bungsu, katindihan ku indungna, semu ditangkeup pageuh. Lalaunan Siti ditarik. Barang malikeun awak indungna, getih minuhan raray. Bray, kurudung dibuka, rambutna kabuntel getih lalambaran. Ragamang, ngarampa mastakana. "Gusti!  Geningan remek! Leketey..., les...," katurelengan, teu inget dibumi alam.



 

Senin, 21 Januari 2013

Fiksi Sunda



*Ngabuburit*

 Kurang-leuwih opatpuluh taun tak tukang. Dina poé  Kemis bulan puasa. Pasosoré  kuring indit ngabuburit, dibaturan ku:  ‘Ceu Limah, Lilit jeung Nyi Rukmina’. Bekel duit, dijajankeun sarupaning kadaharan keur buka.
Manjing magrib. Trong! Trong! Trong! Sora kohkol ditakol tarik pisan. Kuring jeung babaturan masih di masjid gedé. Bring baralik. “Rék jalan mana, Astana atawa Palédang?!” Ceuk Nyi Rukmina.  “Ka astana wéh, méh deukeut!” Tembal Ceu Limah.
Léos méngkol, motong jalan. Gok! Ka astana. Selengseng seungit kamper, pacampur jeung seungit kekembangan. Séaaak! Bulu punduk muringkak. “Itu naon, anu ngebul?” Kuring nunjuk ka kuburan, nu taneuhna masih beureum. “Hiiiy!” Ampir bareng. Béréték! Lalumpat, paheula-heula. Nepi ka tungtung lembur, napas ngahegak. “Panasaran!” Haté kuring ngagerentes.  Rét! Bréh! Gebeg! Jajantung ampir coplok.




*Kélong Wéwé*

 Tibeurang h, Nyi Engkah geus sengar-sengir, bari  élékésékéng, teu genah cicing. “Nyi, tos karaos?” Tanya Bi Munah. “Muhun, Bi! Mung reuhreuy kénéh.” Jawab Nyi Engkah, bari geus hésé ngaléngkah. “Ulah leuleumpangan diluar atuh! Mana sareupna, Pamali!” Ceuk Bi Engkah, bari ngaléos muru pancuran,  nu deukeut ka tajug.
Wanci geus ngagayuh kapeuting. “Kang! Pilari ayeuna , ema paraji téh!” Nyi Engkah ngajurungkeun. Léos, indit. Bakating kurusuh, nepika poho teu mawa obor, panékér gé kalah diculkeun diluhureun bako.
Lebah péngkolan. Handapeun tangkal waru doyong, aya nu nanya: “Mané ngamana, Nyang?” Atoh teu kudu jauh néang. “Aéh! geningan ema paraji! Itu pun bojo, tos saborosoteun!” Bring,  balik. Setepina ka imah. Teu tata pasini, bus! Si ema asup ka pangkéng . “Euleuh! Ngeningan, ngeus nolol! Ho’k, ayeuna ngé, minyil!” Ceuk ema paraji. Teu sawatara lila. Goar! Kaaaang! Jep! Jempling. Kapireng ku salakina, aya nu ceplak dijero kamar.











Minggu, 20 Januari 2013

Fiksi Sunda



Patalukan


 Bah Wanta, geus kawentar kamana-mana, anjeuna jawara moyan, ceuk paribasa mah rék jurus naon ogé nyampak. Hiji waktos Bah Wanta diajak ka sérang ku Ki Jarot, sakalian mitembeyan tandur. “Ta, hayu urang ka sawah ayeuna!” saur Ki Jarot. “Kélanan, kuring rék dangdan heula!” waler Bah Wanta. Rap, bédog nu arang kakantun, digaplokeun dina angkéng, kedewek kana padudan. “Hayu, atuh burukeun! Tumpengna bisi kaburu bari!” saur Ki Jarot. Bring, arangkat ka sérang. Sajajalan teu jempé, ngobrol ngalér-ngidul. Pas dugi, nyampak istrina Ki Jarot tos tatahar, ngampar samak dilebet saung. Brak, tumpeng dibuka lajeng didu’aan heula. “Sok, gera prak dinyah, saaya-aya!” saur ki jarot, bari ngasongkeun piring séng ka Bah Wanta. “Alhamdulillah…! Ni’mat nya dahar ngariung mah?” saur Bah Wanta saréngséna tuang. “Enya, matak ngajakan gé, tah nu amisna keur nyeubeuhkeun!”  saur Ki Jarot. Nuju reureuh teu ka tohyan, aya bancet ngagaclok kana sampéan Bah Wanta. Teu tata pasini Bah Wanta luncat, lumpat sakalumpat-lampét.




Seja Nganteuran

 

 Wanci haneut moyan, kuring  ka kebon, nuturkeun salaki nu geus indit tiheula . “Rék, nganteuran Nyi?” Isuk kénéh atuh!” Ceuk Bi Amsih, nanya kuring. “Muhun, Bi! Nyéta ngahaja, indit rada isuk kénéh téh, deuk bari mantuan salaki!” Tembal kuring, bari ngomékeun boboko nu diais. “Nya, atuh jig! Da tadi gé Nyi Onih geus katonggoh, cenah mah rék nganteuran salakina deuih, Aya batur gera, di kebon téh, moal keueung!” Ceuk Bi Amsih. Léos kuring muru kebon, leumpang nanjak, geus karasa ngahégak. Reg, reureuh heula. Ras, ingét palebah dieu téh sok aya oray gedé. Gidig deui, indit. Satépina ka kebon, kuring rarat-rérét, sakuriling kebon di tingali. “Naha kamana, salaki?”  Ceuk haté. Barang rét, kasaung, hareneg! “Bet siga cocotom ,jeung samping Nyi Onih, nu ngait dina lawang saung!” Keteyep-keteyep léngkah rada dilaunan. Bray panto saung dibuka. Koréjat. Ganjleng…Salaki kuring,  méh satengah ditaranjang lumpat duka kama. Kedewek, pakean Nyi Onih dicokot ku kuring, bus diasupkeun kana aisan, ngahiji jeung  kadaharan. “Ah, mening balik!” Gerentes haté. Rét, ka Nyi Onih nu pupurikilan. “Hakan tah Raja Leuweung!”  Ceuk kuring bari ngaléos. Soréna di lembur guyur, Nyi Onih balik ti kebon, awakna dibuntel ku daun cau.