TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Jumat, 22 Maret 2013

Pabukon 2



*Ciri Kuring*


Léos ka tukangeun imah, nu di tuju tambakan balong. Leungeun kénca ngajinging samak nu katuhu nyekel buku leutik, patlot mah cukup disempilkeun dina ceuli. Bar! Samak diamparkeun, gék diuk. Huleng! Mikir, néangan ideu. Hayang nyieun fikmin anu ahéng. Teu kakoréh. Karérét lauk mujaér nu ranghap dina balong. "Lakadala!" gerentes haté. Terus cengkat, léos ka dapur, panon rut-rét kana ayakan jeung sirib, émbér teu kaliwat dirawél terus dibawa ka tambakan. Brus! Sirib nu geus dipasangan gagang-gagangna jeung panyekelanana. Teu kungsi lila, lauk mujaér kasirib. Bus, diasupkeun kana émbér. Geus ngarasa cukup. Gura-giru ngurus lauk. Digerihan, dikumbah nepika beresih getih-getihna. Lauk mujaér disamaraan. Waktu keur moé lauk nu geus dina nyiru! Kuring inget kana buku leutik, nu ngagolér dina samak. Gidig! Muru tambakan deui. Gep! Buku dicokot, dibuka. Gutrut! Nulis fikmin. Judulna: "Kéré Mujaér."





#Haranga ‘Na Tungtung Nyawa#


Jalan leucir tur bulistir. Kandaraan tingbelesat. Lebah dinya. Di jalan eta. Jalma-jalma gurung-gusuh, ngudag waktu. Kapireng nu humarurung. Kuring eureun, laju nunda sapeda. Bruh-breh getih ngabayabah. Motor ancur burantakan. Kareret aya nu ngajapapang patunjang-tunjang. Srog! Disampeurkeun. Kuniang! Nu saurang hudang. Jumarigjeug. Ujug-ujug. “Maneh! Nu nabrak aing teh?” Pokna bari nyusutan getih dina beungeutna. “Har! Dupi tadi, salira ditabrak naon?” ceuk kuring malik nanya. “Teuing da ditabrak ti tukang!” jawabna bari balelol. “Uningaan we ku salira, kuring mah make sapedah!” cekeng teh, bari nunjuk kana sapedah kumbang. “Montong, api-api siah!” bari nyerenteng. Gabrug! Ngarontok. Leketey! Les. Teu empes-empes dina tangkeupan kuring.



*Tumarima*


Ninggal kantong Néng Nunik meni saé, ninggal deui kanu Déni pon kitu deui. Kantenan kantong Néng Anisa mah, mésérna gé ti Singapur, waktos libur sakola saurna mah. Abdi mah, gaduh kantong gé kénging pamendak Apa ti jarian. Mana tos bolong jabaning soléndangna sering pegat. Iraha nya, abdi gaduh kantong anu saé? Teu kedah nu awis abdi mah, asal teu baseuh buku wé, pami kahujanan.
Kamari gé, waktos abdi wangsul sakola! Mana lapar katambih hujan meni ageung. Abdi kabulusan. Dongkap ka rorompok, teras abdi siduru dina hawu bari ngadaray-daray buku. Saur Ema téh: "Énjing mah buku téh, dipalastikan heula, nembé dilebetkeun kana kantong!"
Abdi nuju ngobrol sareng Ema, kurumuy Apa sumping bari nyandak bungkusan. Teras dipasihkeun ka abdi. Barang dibuka! Abdi ngeclakeun cisoca, namung da lapar, roti bulukan candak Apa teras ku abdi diteda..



Jumat, 15 Maret 2013

Tamba Ngalamun




*Ngarah Jongjon*


Ti susubuh Mang Suhro ngolo Nyi Isoh.
"Nyi, atulah Nyi! Meungpeung tanaga weuteuh, yeuh!" Mang Suhro salaki Nyi Isoh maksa.
"Sabar atuh Kang! Ké geus indit budak ka sakola, améh jongjon!" témbal Nyi Isoh.
Léos! Budakna indit ka sakola. Mang Suhro rikat nyampeurkeun Nyi Isoh.
"Ayeuna?" Mang Suhro ngaharéwos.
"Enya!" témbal Nyi Isoh, ngagugu kana pangajakna Mang Suhro.
“Kade koredna tingaleun, Nyi!” ceuk Mang Suhro. Bring duanana arindit ka kebon
                      

                                              =//=




*Komo Baheula*


Ki Murdasin anekak di tepas. Kurumuy Nini Surti mawa citéh sabekong jeung bubuy hui. Sok, ditunda di gigireun Ki Murdasin. Gék, Nini Surti diuk maturan salakina. Panon Nini Surti merhatikeun polah barudak sakola nu ngaliwat di buruanana.
"Naha nya Ki, ari barudak jaman ayeuna? Sakola gé karék SMP geus balalegér. Geus barobogohan!" ceuk Nini Surti.
"Henteu kudu anéh, Ni! Komo baheula mah, budak awéwé téh arang nu tamat SD kaburu dikarawinkeun. Nini gé, waktu dikawin ku Aki téh, masih kénéh sakola di SD, lin?"
Si Nini teu némbal deui. Rus-ras ka jaman baheula. Waktu balik sakola, di imahna geus nyampak sémah jeung lebé.

                                       =//=
 

Kamis, 07 Maret 2013

Pabukon Mbi





*Umaing*


Koréjatna sumirat ti belah wétan. Nguniang hudang mawa harepan. Lir ringsang nu ngagupayan. Celak-celak kembang matali nu masieup buruan. Hiliwir katebak angin seungitna ngahudang rasa. Geleber, kukupu rabul, laleur hejo milu aub, nyeuseup wawangi nu seungit. Malati nu mangkak ligar, guligah. Paroman pinuh marahmay. Aya kareueus dina dirina, yeuh aing uyah kidul. Aing anu pangseungitna. Malati taya wiwaha. Tilu poe tiharita, malati tinggal gagangna.




Sapatu Butut


Rét, ningal kana sapatu Rini meni saé, ningal kanu sanésna pon kitu deui. Meni saraé, malihan mah seueur buatan luar nagari nu diaranggéna téh. Ningal kanu abdi, bet hoyong nangis, sapatu abdi mah tos dobol. Badé meredih ka Ema saréng ka Apa, abdi téh isin, da seueur urusaneunana, sanés abdi wungkul. Kenging usahana gé timang cekap kanggé mésér béas sareng landong Apa! Pan Apa  mah teu kenging elat landong. Pami elat pasti wéh panyawat asma Apa janten deui. Tuh, nya!  Ari énjing abdi kedah kumaha? Panan kacandakan lomba cerdas-cermat tingkat SMP, ka Kabupatén? Maenya abdi nganggé sapatu butut?  Badé nambut-nambut kasaha?  Jabaning isin, sieun teu aya nu masihan nambut! Tapi wios kétang, sapatu ieu gé!  Pami teu isineun mah, Bapa Guru sareng Ibu Guru.




Meupeus Keuyang


Unggal peuting Nyi Onih hulang-huleng, mikiran jaman kiwari. Inget ka tatanggana anu salingkuh. Da geuning awéwé ayeuna mah teu sirikna salaki batur gé dilayanan, nu penting mah eusi sakuna, teu paduli aki-aki komo kanu rada ngora kénéh. Wanci tengah peuting, Nyi Onih ngulisik tina pangsaréana, rét kana jam, rét deui ka salakina, nyel, ambek. Sataun kalarung, waktu salakina nu loba alesan. Pedah indit gawé sok rebun kénéh, balikna sok telat waé, mangsa datang ka imah ditawaran dahar kalah langsung saré, ari tengah peuting hudang mukaan internét. Sanggeus kanyaohan ku Nyi Onih, salakina loba alesan.Nepika akun salakina ditutup améh teu hubungan waé jeung nu dipikaresepna. Angger wé geuningan da salaki Nyi Onih téh jelema pinter, manéhna nyieun  akun anyar deui, améh bisa manjangkeun hubunganana jeung ningalian karesepna. Tungtungna Nyi Onih nékad. Léos ka dapur nyokot halu. Habek! Habek! Diteunggeulkeun.  “Punah haté téh! Ké lamun meuli deui, dibebek deui ku aing mah!” gerentes haté Nyi Onih.