*BATI OCON*
Waktu beurang geus maju ka asar, ceuk kolot mah, waktu méngok
panon poé. Uing keur diajar ngalagu, bari nangunjar handapeun tanggal waru.
Keur anteng ceuceuleuweungan, adi uing nyampeurkeun, gék diuk gigireun. Ceuleuweung
kuring ngalagu deui: “Boga kabogoh jauh, meuntas lau,” Karék gé sakitu, uing
ngalagu téh, adi uing, ujug-ujug ngadegungkeun, bari pok na : “Leuheung jauh gé, gableg! Aingah tong boro-boro
nu jauh, anu deukeut gé euweuh nu ngambeuan!”
Ku uing di tembal deui: “Naha ngaruh kitu, kana harga béas, mun nyanéh
gableg kabogoh?” Adi uing kurang kerung: “Lieur ah! Ngobrol jeung nu tideuha,
ti kolot mah!” Bari terus ngaléos. “Wéw! Nyanéh nu tideuha mah, matak awak tangihgul,
siga batu Palalangon gé!” Ceuk kuring, bari malédog adi. Si adi nyingcet:
“Haiit!” Bangkieung. Sorodot. Gedebut. Adi uing ngaringkuk dina kamalir.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar