TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Kamis, 13 Desember 2012

Kumpulan Fiksimini 1



Fikmin # Bapa Perlaya#

waktu jaman gorombolan pun bapa ngiringan pagerbetis di gunung Rakutak .
Unggal miang sok katingal nyoren bedil, pun bapa katawis gagah kacida .
Tapi dasar, milik diri bajga awak, pun bapa perlaya di pabrik cina di Majalaya, di rogahala jalma nu niat ngagarong eusining pabrik .
Deudeuh bapa, mugia Alloh nampi iman sinareng Islam bapa . Amiiin



Fikmin #Du'a Indung#

Memeh bedug subuh geus mirun hawu , beledug sora bedug tanda waktu shalat subuh . Gura giru muru sumur, brus mandi bari terus wulu . Bray sajadah ngampar, prak shalat terus namprakeun dua dampal leungeun . Nun gusti mugi maparin ka abdi kakiatan kangge ngarawat pun anak, pamugi pun anak sing janten jalmi soleh/solehah, jembar ku rizqi tur jembar pangarti, salamet dunya rawuh akherat .Sora indung kuring ngagalindeng ti jero pangkeng .


Fikmin #Pegat Sendal#

waktu ajeun lumpat, meni ngabecir, nu sabenerna mah, ku kuring pasti ka udag,
ngan hanjakal sendal pegat . kuring handeueul .
Keun siah .


Fikmin #Tumila#

Dina hiji poe isuk isuk keneh Ma Kenoh geus ribut ngampar samak saheulay di buruan, bari terus ngunjal kasur kapuk nu geus lepet . Barang diamparkeun gorehel ma Kenoh manggihan tumila terus di tines di gesek gesek bakat ku ngewa kana tumila, rengse ngagesek tumila ma Kenoh pirajeunan curuk nu urut nines tumila diambuan, padahal geus pada apal yen tumila teh bau .
Tah eta kaanehnana teh, geus sidik bau, tapi naha bet keukeuh mun maehan tumila, sok rajeun wae diambuan.


Fikmin #Teu Burung Anggeus#

Ret ka juru patalambru, ret ka tengah imah pasolengkrah, balas anyang anyangan incu . Di antep lain antepeun, di gawean tanaga geus ngurangan, nya kapaksa saeutik saeutik, sanajan lila migawena "teu burung anggeus" .



Fikmin # Nepak Tarang#

Mangsa beurang
Ngalanglang
Kakalayangan
Sugan aya nu balangah
Di rawu ka awang”
Nyangsang dina dahan
Ngabaheuhay wareg pisan.

Waktu peuting
Cicing nyumput dinu poek
Panon seukeut
Neuteup anteub
Ningali mangsa anu ngaliwat
Jajaka gandang
Irung belang
Saukur nepak tarang

*Bheu*



Fikmin # Rigag Awak#


Ngagurat natrat
Dina cutatan teu kebat
Cenah jeblog jeung belok
Ceuk bahasa indonesia na mah :"BECEK"
Naha atuh teu di balay
Naha teu di omekeun
Prak gera amparkeun ka nyaah
Ulah luncat ka wahangan, sanajan aya laukan
Komo jig ka leuwi bisi aya jurig nyiliwuri
Cing titi rintih dina nincak
Baca rigag paripolah awak
Raksa tur riksa rasa
Lain mewek saenggeusna !.

Tidak ada komentar: