TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Sabtu, 28 Desember 2013

Hujan

Hujan deui, hujan deui

Gebrét deui, gebrét deui

Nu leumpang pagancang-gancang

muru pangiuhan.

Nu di imah tingharuleng, uleng.

Muihkeun fikir nu pabeulit keur eusi peujit.

Hujan deui, hujan deui

Hujan cimata taya sudana.

Kamis, 12 Desember 2013

Nyorangan

Dina petengna peuting
Ngojengkang neangan sagenclang cahaya
Ti jauhna...
Celak celak cicika lir nu ngiceupan
Nungtun muru pangharepan

Sabot ngiceup
Sakedet geus teu kareret
Cicika ngiles ngereles
Tinggal kuring nu lumampah 'na tungtung peuting.


Pamatuhan 13/12/2013
Mbi


Selasa, 12 November 2013

Nu Keukeuh

Teu karasa ngarumah tangga teh geus salapan likur taun. Genah nyandang genah nyanding. Hirup teu weleh dipiconto batur. Ngan edas, bet aya wae gogoda teh.
Basa rumah tangga panceg ka tilupuluh taun. Kuring panggih jeung sobat baheula, waktu keur ngalalana di Sukanegla. manehna nyaritakeun, yen kabogoh kuring nu baheula, nu aya di Sukanegla masih can kawin. Cenah mah, "kajeun ngajomblo batan kudu kawin ka nu sejen."
Kuring jeung sobat ngatur siasat hayang bisa nepungan urut kabogoh tea bari teu kapanggih ku pamajikan. Sapuk  rek miang teh poe Senen.
Dina waktu nu geus  ditangtukeun, isuk-isukna kuring geus saged dangdan, pakean keur salin geus dikana ranselkeun. Pas rek indit, muka heula dompet. Gebeg! Hate kuring reuwas, kartu ATM jeung kartu kredit ngahyang tina dompet, ngan aya sacewir kertas nu aya tulisan, "kartu kredit jeung ATM aya di aing! Rek indit mah pake we duit transportasi nu ti kantor, lamun heueuh mah tugas ti kantor!"
Kuring maksakeun indit, keur ongkos jeung biaya sapopoe ngeclokan heula ka batur sapagawean.

# Fiksimini Basa Sunda #

Senin, 28 Oktober 2013

Tak Ada Lagi Santapan

Langit ini benar benar mendung, mungkin tak lama lagi akan turun hujan. Sang Nenek tergopoh gopoh berjalan menelesuri rerimbun hutan. Ya..., hutan ini lebat dan banyak hewan buasnya. Ternyata tak jauh dari tempat si Nenek berjalan, ada seekor harimau yang kelaparan. Terdengar suara auman harimau, Si Nenek tua pasrah, dia diam. Tak lama kemudian harimau itu mendekati si Nenek lalu menerkamnya. Begitu disantap daging si Nenek itu, ternyata rasanya pahit dan kulitnya juga sudah alot. Si harimau merasa kecewa dia pergi lagi mencari yang lebih muda, tapi apalah daya, yang muda tidak ada. Harimau kembali ke mayat si nenek itu dan memakannya sampai lahap. Dalam hati harimau berkata: "Lumayan dari pada lumanyun."

Sabtu, 20 April 2013

KAREUEUS 1



NOMINASI JEUNG PINUNJUL


Tina 86 fikmin nu lolos saringan tahap awal nyaéta watesan jumlah kecap, masing-masing girang pangajén tuluy milih 5 fikmin nu dianggap nyukupan sarat pikeun disebut fikmin bacaeun rumaja. Aya 12 fikmin nu kasair, diurut dumasar nomer patandang, nyaéta:

FR-002 Dongéng Pieunteungeun karya Remi Purwaka Sadkar
FR-009 Jéri Ang karya Asép Komara
FR-015 Audisi karya Rudi Riadi
FR-030 Kalangsu karya Dadi Arya
FR-033 Lain Teu Kagoda karya Idham Hamdani
FR-035 Lipglos karya Ari Andriansyah
FR-050 Riwayat Tresna karya Toni Lesmana
FR-054 Potrét karya Rameli Agam
FR-060 Néangan Justin karya Intan Suwandi
FR-072 Teu Aya Batur Pakumaha karya Eni Setiani
FR-077 Butterfly Éfféct karya Helmi Pakudjati
FR-078 Girl's Band karya Gaus Firdaus
Sok sanaos fikmin sim uing teu janteu fikmin pinunjul , namung sing uing ngaraos reueus duméh fikmin anu sim uing kalebet kana nominasi 12 urang anu diangken saé kanggé bacaeun para-rumaja.


Jumat, 22 Maret 2013

Pabukon 2



*Ciri Kuring*


Léos ka tukangeun imah, nu di tuju tambakan balong. Leungeun kénca ngajinging samak nu katuhu nyekel buku leutik, patlot mah cukup disempilkeun dina ceuli. Bar! Samak diamparkeun, gék diuk. Huleng! Mikir, néangan ideu. Hayang nyieun fikmin anu ahéng. Teu kakoréh. Karérét lauk mujaér nu ranghap dina balong. "Lakadala!" gerentes haté. Terus cengkat, léos ka dapur, panon rut-rét kana ayakan jeung sirib, émbér teu kaliwat dirawél terus dibawa ka tambakan. Brus! Sirib nu geus dipasangan gagang-gagangna jeung panyekelanana. Teu kungsi lila, lauk mujaér kasirib. Bus, diasupkeun kana émbér. Geus ngarasa cukup. Gura-giru ngurus lauk. Digerihan, dikumbah nepika beresih getih-getihna. Lauk mujaér disamaraan. Waktu keur moé lauk nu geus dina nyiru! Kuring inget kana buku leutik, nu ngagolér dina samak. Gidig! Muru tambakan deui. Gep! Buku dicokot, dibuka. Gutrut! Nulis fikmin. Judulna: "Kéré Mujaér."





#Haranga ‘Na Tungtung Nyawa#


Jalan leucir tur bulistir. Kandaraan tingbelesat. Lebah dinya. Di jalan eta. Jalma-jalma gurung-gusuh, ngudag waktu. Kapireng nu humarurung. Kuring eureun, laju nunda sapeda. Bruh-breh getih ngabayabah. Motor ancur burantakan. Kareret aya nu ngajapapang patunjang-tunjang. Srog! Disampeurkeun. Kuniang! Nu saurang hudang. Jumarigjeug. Ujug-ujug. “Maneh! Nu nabrak aing teh?” Pokna bari nyusutan getih dina beungeutna. “Har! Dupi tadi, salira ditabrak naon?” ceuk kuring malik nanya. “Teuing da ditabrak ti tukang!” jawabna bari balelol. “Uningaan we ku salira, kuring mah make sapedah!” cekeng teh, bari nunjuk kana sapedah kumbang. “Montong, api-api siah!” bari nyerenteng. Gabrug! Ngarontok. Leketey! Les. Teu empes-empes dina tangkeupan kuring.



*Tumarima*


Ninggal kantong Néng Nunik meni saé, ninggal deui kanu Déni pon kitu deui. Kantenan kantong Néng Anisa mah, mésérna gé ti Singapur, waktos libur sakola saurna mah. Abdi mah, gaduh kantong gé kénging pamendak Apa ti jarian. Mana tos bolong jabaning soléndangna sering pegat. Iraha nya, abdi gaduh kantong anu saé? Teu kedah nu awis abdi mah, asal teu baseuh buku wé, pami kahujanan.
Kamari gé, waktos abdi wangsul sakola! Mana lapar katambih hujan meni ageung. Abdi kabulusan. Dongkap ka rorompok, teras abdi siduru dina hawu bari ngadaray-daray buku. Saur Ema téh: "Énjing mah buku téh, dipalastikan heula, nembé dilebetkeun kana kantong!"
Abdi nuju ngobrol sareng Ema, kurumuy Apa sumping bari nyandak bungkusan. Teras dipasihkeun ka abdi. Barang dibuka! Abdi ngeclakeun cisoca, namung da lapar, roti bulukan candak Apa teras ku abdi diteda..



Jumat, 15 Maret 2013

Tamba Ngalamun




*Ngarah Jongjon*


Ti susubuh Mang Suhro ngolo Nyi Isoh.
"Nyi, atulah Nyi! Meungpeung tanaga weuteuh, yeuh!" Mang Suhro salaki Nyi Isoh maksa.
"Sabar atuh Kang! Ké geus indit budak ka sakola, améh jongjon!" témbal Nyi Isoh.
Léos! Budakna indit ka sakola. Mang Suhro rikat nyampeurkeun Nyi Isoh.
"Ayeuna?" Mang Suhro ngaharéwos.
"Enya!" témbal Nyi Isoh, ngagugu kana pangajakna Mang Suhro.
“Kade koredna tingaleun, Nyi!” ceuk Mang Suhro. Bring duanana arindit ka kebon
                      

                                              =//=




*Komo Baheula*


Ki Murdasin anekak di tepas. Kurumuy Nini Surti mawa citéh sabekong jeung bubuy hui. Sok, ditunda di gigireun Ki Murdasin. Gék, Nini Surti diuk maturan salakina. Panon Nini Surti merhatikeun polah barudak sakola nu ngaliwat di buruanana.
"Naha nya Ki, ari barudak jaman ayeuna? Sakola gé karék SMP geus balalegér. Geus barobogohan!" ceuk Nini Surti.
"Henteu kudu anéh, Ni! Komo baheula mah, budak awéwé téh arang nu tamat SD kaburu dikarawinkeun. Nini gé, waktu dikawin ku Aki téh, masih kénéh sakola di SD, lin?"
Si Nini teu némbal deui. Rus-ras ka jaman baheula. Waktu balik sakola, di imahna geus nyampak sémah jeung lebé.

                                       =//=