TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Senin, 21 Maret 2016



SOBAT  MANJANG


Tengah peuting keur meumeujeuhna tibra saré. di lembur Lémpar dua jirim tingjuringkang di pipir imah Bu Asti. Randa ngora hadé rupa. Kawuwuh pindahan ti kota. Awakna mulus taya cawadeun.  Bu Asti geus dua taun nyicingan imah éta, saprak salakina maot, kapaksa pindah ka kampung anu cenah mah améh teu katingali waé tapak-tapak salakina jeung niiskeun pikir tina harénghéngna kota. Bu Asti boga babaturan sakola nu jadi wartawan,ngaranna Andi. Mun aya nanaon nya sok BBM-an, da puguh asa jeung dulur pet ku hinis.
Nu tingjuringkang tingketeyep nyampeurkeun jandéla babuna nu ngaran Bi Onih.
“Yakin babuna keur balik?” ceuk Jubér nu maké kupluk hideung ngaharéwos.
“Enya, tah ieu pangkéngna mah, cenah!” jawab Jahro bari ngadeukeutan jandéla.
Puguh bangsat gerot, nyokéel selot gé ngan saurileu. Kalacat, Jahro jeung Jubér mancal kana jandéla. Terus ngeteyep ka tengah imah. Jahro jeung Jubér babagi tugas ku isarah.
“Sip!” ceuk Jahro bari ngacungkeun jempolna. Laju asup ka kamar Bu Asti.

Di kamar ukur dicaangan ku bohlam lima watt. Rét Jahro ka nu keur ngagolér, panon Jahro mata simeuteun ningali bitis Bu Asti. Gebeg, Jahro ngagebeg, inget ka Jubér, lamun ngalakukeun nu teu uni heug teu bébéja, boa jug dihabek sirah ku peureup Jubér anu buleud. Jahro ngeteyep ngadeukeutan Bu Asti. Barang geu deukeut, teu tata pasini, sungut Bu Asti dibekem. Bu Asti reuwas liwat saking, gancang ngagurinjal .
“Saha manéh?” ceuk Bu Asti neger-neger manéh.
“Montong loba bacot, laanan kongkorong,  geulang, ali jeung éta génggé!” Jahro morongos.
“Ké heula, rada hésé! Urang di luar ngalaananna!” Bu Asti aya akal. Terus turun tina ranjang. Bari ngadégdég Bu Asti kaluar ti kamar teu poho ngajéwang hapé ti gigireunana.
Sanggeus di tengah imah, Bu Asti ngahurungkeun listrik. Barang bray, katingali Jubér keur ngalaanan anténeu tipi.
“Saacan mikeun ieu perhiasan, kuring mah hayang dipoto heula. Dipotona hayang jeung Si Akang itu?” ceuk Bu Asti bari nunjuk ka Jubér.

Ngadéngé sora awéwé, Jubér ngarérét. Barang rét ka Bu Asti, gambar écéng minuhan sirah jeung panon Jubér. Komo ningali daster Bu Asti nu carang mah. Beuh, kangaranan lalaki teu kaop nungali awéwé nu méncrang gampang sérah bongkokan. Lanu Jubér nyampeurkeun ka BU Asti. Duanana narangtung gigireun Bu Asti, Jubér di kénca, Jahro di katuheun Bu Asti. Panon maranéhna ningali kana buah dada nu ngabuah gedang. Biwir Jahro jeung Jubér karumétap.
Ceklék! Ceklék! Sababaraha kali Bu Asti motoan. “Sakedap urang édit heula!” ceuk Bu Asti néangan akal. Dasar garong teu apal kana hapé canggih, manaréhna ngagugu. Sajeroning kitu, Bu Asti poto téh di-BBM-keun  ka Andi, babaturanana nu kabeneran keur tugas di kantor pulisi nu jauh ti lembur Lémpar. Dina BBM-na diémbohan ku tulisan. “Tulungan saya digarong! Buru ayeuna ka dieu!” teu ngadagoan jawabanti Andi, Bu Asti langsung ngénéngkeun poto ka Jubér jeung Jahro.
“Tingal potona saé!” ceuk Bu Asti. Jubér jeung Jahro karumecrék, lat poho kana tujuan awal arék ngagarong.
“Néng kersa janten bojo Akang?” ceuk Jubér ééléngan gumasép.
“Mending ka Akang, Si Éta mah pamajikanana gé di unggal péngkolan, Akang mah duda!”  Jahro mendelik.
“Ari manéh ngapeskeun déwék, rék di unggal péngkolan, rék di unggal lembur, nu penting mah kaparaban!” Jubér ngahoak.
Jahro ngeluk, aya sieun dihoak ku gegedugna mah. Tapi manéhna bangun nu keur mikir. Teu sawatara lila. Pok Jahro ngomong.
“Pék waé daékeun mah jinisna, ngan Si Enok keur kuring?”

Sakedapan Jubér ngahuleng, mikeun kumaha, teu mikeun kumaha. Nu sabenerna mah apanan Enok téh panggeulisna diantara pamajikanana.
“Aéh ngadon taratih ieu téh? Hayu urang calik na korsi!” ceuk Bu Asti ngomongna jadi lemes da geus rada teteg haténa.
Gebeg, Jubér ngagebeg, teu tata pasini, muru korsi, terus diuk.
“Hayu urang calik, Kang!” ceuk Bu Asti noél Jahro. Nu ditoéel kalah ngajengjen. Bu Asti rikat nyekel pigeulang Jahro, terus ditungtun ngadeukeutan korsi. Bu Asti kitu téh angkanana mah  mapanas Jubér sangkan sina paraséa. Da enya atuh, barang rét gé Jubér ningali Jahro ditungtun, beungeut Jubér katingali beureum cacak peuting mah, komo lamun beurang, wah sigana bakal katingali gurat-gurat ambekna.
“Antepkeun wé, Néng! Ogoan teuing, mending énggal calik caket Akang!” Jubér ngised diukna méré tempat keur Bu Asti.
“Kumaha sapuk nu tadi téh? Si Enok keur kuring?” Jahro mimiti bijil wawanén nyanghareupan baturna anu biasa dipikagimir ku manéhna.
“Kop téh teuing pangacakan déwék jeung geus lanyéd ayeuna mah.” Sora Jubér ngalaunan. Aslina mah Jubér teu mikeun Enok kudu nepi ka dikawin ku batur, enyana hayang ka Enok téh meunang hésé capé. Sasat kolotna nu jadi pupuhu lembur teu mikeun ari budakna kudu dicandung bari dikawin ku Jubér nu geus pada apal jelema jahat. Ngan beunang sotéh panan dibawa kabur ku manéhna.
“Akang-akang, dikantun sakedap nya? Mangga dilajeng ngobrolna, abdi badé ngabantun cai. Badé cikopi atanapi téh manis?” ceuk Bu Asti.
“Téh panas wé, Néng. Pan manisna mah cekap ku neuteup Enéng gé,” jawab Jubér bari ééléngéhan kawas domba begér nu geus ngambeuan bujur bikangna.

Sabot nyieun citéh, Bu Asti ng-BBM Andi. Ngumahakeun sangkan dua jalma anu teu diondang téh kacerek ku nu ‘berwajib’. Sakur anu dipapatahkeun ku Andi, Bu Asti ngagugu.
Réngsé BBM-an jeung nyieun citéh, Bu Asti  nyampeurkeun deui ka nu duaan. Dua cangkir citéh ditunda na méja.
“Mangga dileueut, Kang!” ceuk Bu Asti sanggeus diuk.
Teu tata pasini Jubér jeung Jahro tingrarongkong kana cangkir nu dieusi citéh.
“Ditampi, Néng!” Jahro jeung Jubér méh bareng melong beungeut Bu Asti nu keur ngagelenyu.
“Nyanggakeun, punten teu aya kuah-kuéhna.” Walon Bu Asti.
“Pan kuéhna mah éta!” Jubér ngagilerkeun panonna ka Bu Asti.
“Dasar lalaki nurustunjung!” gerentes haté Bu Asti nu terus cengkat rék muka sosi panto hareup.
“Badé ka mana, Néng?” Jubér rada curiga, inggis Bu Asti ngageroan tatanggana.
“Hoyong nyeuseup hawa wengi, asa kakarebek kieu!” jawab Bu Asti.
Bray mukakeun panto anu terus nyeuseup api-api nyeuseup hawa.
“Tutupkeun, Néng. Tiris ah!”  ceuk Jubér bari haténa gegebegan, inggis aya jalma nu nangénkeun.
Panto ditutupkeun. Bu Asti diuk deui na korsi, bari teu puguh rasa, sieun nu duaan téh merkosa manéhna.
Heuleut lima menit, panon Jahro mimiti linduk. Dlbelél-belél gé angger ceuleuyeu, lamun dina bohlam mah kawas bohlam nu lima watt.
“Cai téh nganggé naon, Néng? Ieu panon akang asa cepel kieu,” ceuk Jahro bari ngagisik-gisik panonna.
“Saré wé manéh mah, ayeuna déwék rék indehoy jeung Enéng, nya Néng!” Jubér cengkat.
“Hayu urang ka kamar, Néng!” Jubér ngajéwang leungeun Bu Asti.
“Ké sakedap, Kang! Ulah gurung gusuh. Jabaning Akang gé katawisna tos tunduh. Saé kulem wé na korsi!” ceuk Bu Asti bari ngépéskweun leungeung Jubér.
“Ngahina ka Akang! Ieuh, Akang mah tara saré na korsi!” Jubér nyeuneu. Napsu kalalakianana geus teu bisa dihalang-halang. Sakiceup Jubér rék ngarontok Bu Asti. Gancang Bu Asti ngagiwar. Jeduk, tarang Jubér kana panyarandéan korsi nu diukir.
Waktu Jubér rék cengkat, opat urang pulisi asup ka imah Bu Asti, dituturkeun ku Andi.
“Angkat tangan...!” saurang pulisi nodongkeun péstol.
Jubér ngagebeg, leungeunna ranggah, ari panonna melong ka Bu Asti
“Dasar bikang goblog! Pasti manéh nu laporan, rasakeun siah lamun aing bébas!” ceuk Jubér anu terus dibangkol ku pulisi.

Sanggeus Jubér jeung Jahro dibawa ku pulisi, tatatangga Bu Asti daratang, sabab ngadéngé nu ribut jeung sora mobil. Puk-pok naranya ka Bu Asti.
“Ti mana lebetna?” Pa RT nanya sanggeus aya di jero imah Bu Asti.
“Kirang terang. Cobi parios pantos pawon sareng jandéla-jandéla!” ceuk Bu Asti.

Sanggeus kapanggih ti mana asupna garong, Pa RT, Andi, Endu, Pa Bahri, Mang Ocim ogé Bi Asminah pamajikan Mang Ocim dariuk na korsi.
“Dupi Bi Onih nuju ka mana? Asa teu katawis,” ceuk Pa RT sanggeus mernahkeun manéh diuk gigireun Bu Asti.
“Nuju mudik, saurna mah badé nikahkeun putrana nu bungsu,” jawab Bu Asti.
Rupina aya urang dieu nu kongkow sareng garong, meni pas lebetna ti kamar Bi Onih,” ceuk Pa RT
“Kedah ditalungtik ieu mah, Pa!” Endu mairan.
“Tah, kaleresan aya Pa RT sareng kadang wargi nu sanésna, abdi seja tumaros, dupi di dieu teu aya nu ngaronda?” ceuk Andi méngkolkeun caritaan, ulah nyalahkeun teuing ka garong tapi di tiap wewengkon gé kudu aya nu ngajagaan lembur, nu utamana mah peuting.
“Numawi rasa manéh aman, tos lami tara aya nu ngaronda. Wengi énjing mah urang hangkeutkeun deui ngarondana!” jawab Pa RT.
“Saé upami kitu mah, ayeuna abdi badé sakantenan lapor ka Bapa, réhna abdi badé ngéndong di dieu, supados énjing tiasa nyarengan Bu Asti ka kantor pulisi, kanggé laporan perkawis kajantenan ieu.” Ceuk Andi panjang-lébar.
“Kulemna di kamar mana?” Pa Bahri tatangga nu mindeng ngelétan Bu Asti mairan. Inyana Pa Bahri téh aya haté kadua leutik ka Bu Asti, ngan teu wani kedal, da puguh boga pamajikan.
“Upami tunduh mah badé na korsi wé, mung rupina badé bagadang, sakantenan ngawurukan Bu Asti nu sasatna tos asa ka wargi pet ku hinis. Éta perkawis perhiasan anu dianggéna saéna mah ulah sagala dianggé teuing!” jawab Andi bari ngarérét ka Bu Asti.
“Muhun atuh, Ndi. Badé diical énjing mah. Nganggé nu kieu téh ning ngogan masalah. Sakantenan énjing téh jajap ka bank, rada sieun ah nyimpen artos di rorompok mah!” jawab Bu Asti.
“Tah kitu langkung saé,” jawab Andi.
Sanggeus ngobrol ngalér-ngidul, antukna nu ngariung di imah Bu Asti téh nungtutan mulang. Kari Bu Asti, Andi, Mang Ocim jeun Bi Asminah anu dicandet mulang.
“Réncangan abdi, Bi. Bilih dipitenah nu sanés pajar abdi itu-ieu sareng Andi!” ceuk Bu Asti.
Peuting isukna, di lembur Lémpar jadi haneuteun deui, di tiap pos ronda aya nu ngajagaan. Aya ogé nu tugas nguriling lembur, ngariksa kaayan, bisi teu kanyahoan deui aya jalma anu niat jahat.***

Kamis, 03 Desember 2015

Du'a Keur Sunda

Leumpang mapay jalan jajahan
Srog, ka pasawahan
Hawar-hawar lagu lawas kapireng digalindengkeun.

Lemah cai kuring, nagri éndah asri, sugih cacah jiwa, bahan lubak-libuk.
Sim kuring tresna miwah nyaah, ka lemah cai pribadi, kuring nyaah, kuring betah, di baligeusan ngajadi.

Nétra rud-rét ka kénca, ka katuhu
Treup kahareup, di hiji saung saurang wanoja metot-metot tali nu nyambung kana bebegig.

Kuring sadar
Kuring ikrar
Hamo incah balilahan.

Di baligeusan ngajadi, kuring tanggah
Di baligeusan ngajadi, kuring ranggah
Neneda ka Nu Maha Kawasa
Ngaping ngajaring Sunda salalawasna.

Kamis, 27 Maret 2014

SADAR

Reketek. Reketek! Mangkek hate nu lawas kakalyangan.
Ngalayang ka ditu, ngalayang ka dieu, neangan panyugema rasa.
Amis, pait, peuheur, pahang, puguh deui nu ngabulasin mah kaasaan.


Dina wanci subuh, sora adzan ngalanglaung, ngageuingkeun pikir sangkan lilir tina dumaligdeugna raga, rosana dosa.
Ngudupruk dina lulurung kalbu.
Nyengruk mudalkeun bangbaluh.

Nya ayeuna pisan, mangsana sumerah ka Nu Maha Kawasa, memeh nyawa ninggalkeun ragana.

MANGANDEUH





Ki Somad geus saged, dicalana pangsi, baju kamprét, sirahna dibakutet iket. Gap kana kanéron terus disoléndangkeun. Rét ka Ma Irah nu camberut, biwirna badis tutut.
"Sugan téh geus dangdan! Deuk milu satéh?" cék Ki Somad.
"Lain teu hayang milu kami mah, deuk naon ulin ka dayeuh, cumah lah. Ngahahambur waktu jeung ongkos!" témbal Ma Irah nu keur ngécosan kutang.
"Aw...! Jadi katojos!" pokna deui bari ngalamot curuk nu aya getihan.
"Deuk milu, moal? Lamun moal, kami rék indit jeung si Icah!" Ki Somad ngaléos.
Jung, Ma Irah nangtung, leungeunna ngabetot baju Ki Somad, "tuh nya! Icah deui, icah deui! Pasti jeung si Icah mah balanja ka Dezon, ari jeung kami mah ning tara meuli nanaon? Ukur ngadon diuk di Alun-alun! Kuring hayang cingcaw gé tara digugu. Deukeun siah kanjut-kundang téh! Ngeunah samah mamaké duit kuring!"
Ki Somad olohok, tara-tara pamajikanana ngawakwak kawas kitu. "Deukeun siah!" Ma Irah ngagorowok deui.
"Tah! Kop téh teuing, si Icah gé loba duitna, malahan leuwih ti manéh!" Belewer kanjut-kundang dialungkeun méh waé keuna kana beungeut Ma Irah. Ki Somad ngaléos rék nyampeur Nyi Icah pamajikanana anu ngora. Di jalan pasangrok jeung Jang Aman, reg Ki Somad ngarandeg. "Rék ka mana eung, meni saged kitu?" cék Jang Aman. "Rék ka dayeuh jeung Nyi Icah. Ari siling rék ka mana? Ki Somad malik nanya. "Rék ka girang, ngalongok sawah bisi ayeuh!" jawab Jang Aman. "Hayu atuh Jang, bisi beurang teuing!" cék Ki Somad. "Mangga Ki! Aéh..., pangnalangkeun jeruk Garut sakilo mah, nya! Pamajikan kuring nyiram, hayang nu seger cenah!" cék Jang Aman bari terus indit.

Anjog di imah Nyi Icah, nyampak keur ngagusrek nyeuseuh di kamar mandina. Teu tata pasini, "Nyi, menggeus nyeuseuh téh! Hayu urang ulin ka dayeuh!" pokna. "Asik. Aceuk Irah tos panén nya? Ké atuh badé ngebak heula!" Haté Nyi Icah bungangang. Cul seuseuhaneun, baragadal muka pakéan di hareupeun Ki Somad. "Antosan di payun atuh Kang!" cék Nyi Icah bari nyanghareup ka Ki Somad. Lat, Ki Somad poho kana tujuanana. Panonna neuteup kana awak Nyi Icah nu sampulur.
"Beurang mah asa leuwih cékas ningali awak Nyai téh!" sora Ki Somad semu haroshos.
"Wéw ah! Bongan Akang, ngiliran abdina sok wengi waé!" témbal Nyi Icah bari uman-imen.
"Hayu atuh, ayeuna!" Ki Somad ngadeukeutan. Gep kana cangkéng Nyi Icah nu lengik lir papanting. Terus dipangku dibawa ka kamar hareup.

Selang limalas menit duaanana kaluar ti kamar, sup ka kamar mandi. Bari mandi suka-seuri, silihruruan. Barang Nyi Icah ningali bujur Ki Somad, "ih, geuningan kawas maung tutul!" bari nyeukeukeuk. "Eh, totol-totol gé pamuntangan Nyai. Ningan bieu gé muntang meni tipepereket!" témbal Ki Somad nu bujurna pinuh ku tapak budug.
"Akang mah ni kitu," cék Nyi Icah.
Gewur, gewur sora cai ngabanjur nu suka-ati.

Réngsé mandi, Nyi Icah mah terus dangdan, ari Ki Somad sanggeus dibaju téh terus diuk dina korsi.
"Nyi, aya kopi?" cék Ki Somad, dayagdag nyarandékeun awakna.
"Teu aya, urang mésér heula nya!" témbal Nyi icah gura-giru dibaju.
"Sakalian jeung rokona!" cék Ki Somad bari neuteup ka nu kauar ti imah.

Anjog ka warung Bi Enok, nu keur balanja méh kabéh panénjona museur ka Nyi Icah nu buukna baseuh. "Adus nih yéh!" cék Bu Hasnah.
Nyi Icah aluman-alimen.
"Paingan peuting tadi asa aya lini!" Bi Édoh mairan.
"Asa panganténan waé, meureun nya ari langka dikiliran mah!" cék Ceu Mimi bari nepak bujur Nyi Icah.
"Ah, Euceuh mah!" témbal Nyi Icah. "Bi Enok, mésér kopi sabungkus sareng roko sabungkus!" cék Nyi Icah, song mikeun duit pas teu pulanganeun. Sanggeus amitan ka nu ngariung, gura-giru balik.
"Iyéy! Bieu meureun nya?" cék Bi Mimi bari nyikikik. Ditémbal ku tingceukeukeuna jalma nu aya di warung.

Anjog ka imahna, sup ka dapur nyokot gelas jeung térmos. dek ninyuh kopi. Léos deui ka rohang tamu. Sor cikopi jeung roko ditunda dina méja.
"Abdi dangdos nya, Kang!" cék Nyi Icah. Sup ka kamarna rék neruskeun dangdanna.
Ki Somad nu keur diuk, gasik leungeunna ngarongkong roko. Dibuka tina bungkusna, mesat sabatang, pel kana biwirna, sut disundut, serebung! Serebung! Regot cikopi.

Nyi Icah nu geus rérés dangdan, kaluar ti kamar.
"Nganggé acuk ieu nya, Kang?" kituna téh semu hayang dialem.
"Nu mana wé, dék nu itu-nu ieu gé teu weléh pantés!" témbal Ki Somad.
"Hayu atuh, urang miang ayeuna!" cék Nyi Icah bari ngoncikeun kamarna.
"Naha Nyai meni léngoh, moal mawa kantong atawa dompét?" Ki Somad gegebegan. Inget kana kanjut-kundangna nu dirampas ku Nyi Irah.
"Kanggé naon ngabantun dompét ari kosong mah!" témbal Nyi Icah.
"Teu nyalahan," gerentes haté Ki Somad. Leng mikir néangan cara. Ras inget deui ka Nyi irah, nyéh seuri. Bari ngenyot roko nu méh antel kana curukna manéhna. "Kaya kieu mah kudu dibawa duanana," gerentesna.
"Kang! Kalah ngahuleng! Hayu atuh!"
Jung Ki Somad nangtung, leungeunna rumpu-rampa kana pésakna.
"Halah...! Kanjut-kundangna gé euweuh. Duh, boa-boa dicokot ku nini-nini Kuik! Akang balik heula nya!" cék Ki Somad, ngawadulna teu euleum-euleum.
"Wios teu janten ge atuh Kang! Minggon payun wé, atanapi upami abdi tos panén anu di girang, pan tos beuneur héjo!"
Plong! Haté Ki Somad ngemplong. "Tah ieu pamajikan Akang, keur geulis téh soléhah!" cék Ki Somad.
"Ya ialah..., Icah gitoh!" Icah mésem, bari di jero haténa mah norowéco. "Kelanan kuring kudu bobol dipaké ngawowoy jalu mah. Méré roko jeung kopi sotéh pédah wé geus kaarah tanagana."

Pasosoré Ki Somad mulang. Sajajalan teu weléh hariringan diselang ku norotot ngahéot. Jog ka imah Nyi Irah. Bus ka kamar, ucul-ucul pakéan nu ngari ngan kaos sangsang jeung kolor odoy. Golédag na ranjang, sakeudeung ngahérang. "Hatur nuhun Gusti! Tos diwidian abdi ngawayuh." Kituna téh bari ngusap beuteung nu weureu seubeuh, terus ngusap tulaléna nu jadi senjata andelanana. Reup tibra.

Dur Margib, "ieuh..., hudang! Geura solat améh jongjon! Panan peuting ayeuna téh bagéan héés di Si Intriwiling!" cék Ma Irah bari ngaguguyah Ki Somad.
"Rék héés di dieu!" témbal Ki Somad teugeug.
"Hudang siah! Bisi nyusul ka dieu, teu sudi neuleu beungeutna gé, keur siga lulumpang semplak téh taya kaéra si Inang mah. Omat! Peuting ieu jeung isukan mah kudu héés di ditu! Améh tara nyusul." Nyi Irah nétrot. Enya kituna mah, saha awéwéna nu bisa narima lamun didatangan ku maruna.

Ki Somad maksakeun hudang. Teu sibeungeut-sibeungeut acan, manéhna rék indit ka imah Nyi Icah. Di tengahing perjalanan Ki Somad ngarandeg. Ngarenghap panjang. Ras inget ka Nyi Icah nu geus indit nepungan kolotna cenah mah rék tilu peuting ngadon mondok di kolotna.
Ki Somad bingung, léos ka pos ronda. Dek, miluan maén kartu jeung barudak bujang.

Tengah peuting, barudak bujang bubar, baralik ka imah séwang-séwangan.
Kurumuy hansip nu rék ngararonda. Ki Somah bungah asa manggih batur jangeun ngobrol. "Nuju naon Ki?" cék hansip Rohman. "Keur reureuh Jang, mentas ngagiringkeun cai keur ka balong!" walon Ki Somad. "Ning teu nyandak pacul?" hansip Ojo laha-loho ka gigireun Ki Somad. "Pacul mah geus dibawa ku si Junéd. Hék atuh ari rék ngajagaan lembur mah, kuring rék mulang! Ieu jurig tunduh nunutur waé!" cék Ki Somad bari cengkat. Kencling balik ka teun Nyi Irah.

Anjog di buruan imah Nyi Irah, leungeunna geus dipeureupkeun. "Awas lamun teu hudang, ku aing mah dikésér!" gumarendeng. Pas di hareupeun panto, lah-lahan keketrok. Meunang sababaraha balénan Nyi Irah haré-haré kérék. Ki Somad guligah, gék diuk hareupeun panto terus nyarandékeun awakna kana panto, "rék héés di mana? Ari ka saung horéam leumpangna jeung mapay galengan. Rék di masigit, kudu hudang subuh kénéh." Bari mikir terus ngalenggut. Reup peureum. Tet, reungit nyoco pipina. Plak! Dampal leungeunna nepak reungit. "Jing téh jeung ngaganggu!" gerentesna. Lah-lahan ngageroan Nyi Irah, sorana lalaunan. "Nyi, buka panto! Ieu Akang!" pokna. Satengah ngimpi Nyi Irah mireng sora Ki Somad ngageroan. Kuniang hudang, terus kaluar ti kamarna. Bray mukakeun panto. Teu tata pasini Ki Somad ngagabrug ka Nyi Irah, curukna diantelkeun kana biwir Nyi Irah. Méré isarah sangkan teu loba tatanya. Kangaranan Nyi Irah angger wé néngtéréwélang. "Naha siah jeung balik? Réngkolan wé si Jurig Jana!" Ki Somad rikat nutupkeun némbalan, "ayeuna mah geus teu kapaké ku Si Icah téh! Buktina akang diusir peuting-peuting," témbal Ki Somad bari ngalésotkeun rangkulanana. "Waduk siah! Kuring mah teu percaya saé'hél gé! Rék héés mah di dinya tah!" Nyi Irah nunjuk kana korsi panjang. Léos ka kamar, ceklék ngoncikeun panto kamar bari ngocoblak. "Rasakeun siah tukang bohong! Aingah teu sudi héés bareng saacan nyérahkeun Si Tampolong mah!" Ki Somad teu némbal, gék dina kosri bari ngarentes, "Irah, hampura kuring hamo bisa nyérahkeun Nyi Icah, lebar ku démplonna jeung lega sawahna. Manéh ogé moal diserahkeun, karunya da manéh mah bodo, dari pada ditipu deungeun mending ku kuring!" teu sawatara lila, golédag reup peureum.

Selasa, 14 Januari 2014

Talobeh

Poe Ahad, isuk-isuk keneh Nyi Inah mireng Eje nu jadi anakna ceurik di pipir imahna. Terus diteang. Kasampak keur eurih-euriheun.

"Kunaon maneh teh, Je?" ceuk Nyi Inah.

"Hayam pamere nini tea paeh, Ma!" jawab Eje bari ngaletakan hayam.

"Piceun atuh geuleuh! Jeung diletakan deuih!" bari ngarebut bangke anak hayam.

"Aeh, ari Ema. Sugan we hirup deui!" Eje nyekel pageuh.

"Bisa kitu?" ceuk Nyi Inah.

"Geuningan ceuk bapa ge, "letakan we ameh hirup deui mah!" tembal Eje.

"Basa iraha Bapa maneh ngomong kitu?" Nyi Inah heran.

"Basa peuting, memeh sare uing ngadenge bapa ngomong kitu ka Ema!" jawab Eje, polos.

Nyi Inah ngaranjug, "sugan teh geus hees, maneh teh, Je!" kituna teh ukur dina hate.


*Fiksiminisunda*