TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Jumat, 22 Maret 2013

Pabukon 2



*Ciri Kuring*


Léos ka tukangeun imah, nu di tuju tambakan balong. Leungeun kénca ngajinging samak nu katuhu nyekel buku leutik, patlot mah cukup disempilkeun dina ceuli. Bar! Samak diamparkeun, gék diuk. Huleng! Mikir, néangan ideu. Hayang nyieun fikmin anu ahéng. Teu kakoréh. Karérét lauk mujaér nu ranghap dina balong. "Lakadala!" gerentes haté. Terus cengkat, léos ka dapur, panon rut-rét kana ayakan jeung sirib, émbér teu kaliwat dirawél terus dibawa ka tambakan. Brus! Sirib nu geus dipasangan gagang-gagangna jeung panyekelanana. Teu kungsi lila, lauk mujaér kasirib. Bus, diasupkeun kana émbér. Geus ngarasa cukup. Gura-giru ngurus lauk. Digerihan, dikumbah nepika beresih getih-getihna. Lauk mujaér disamaraan. Waktu keur moé lauk nu geus dina nyiru! Kuring inget kana buku leutik, nu ngagolér dina samak. Gidig! Muru tambakan deui. Gep! Buku dicokot, dibuka. Gutrut! Nulis fikmin. Judulna: "Kéré Mujaér."





#Haranga ‘Na Tungtung Nyawa#


Jalan leucir tur bulistir. Kandaraan tingbelesat. Lebah dinya. Di jalan eta. Jalma-jalma gurung-gusuh, ngudag waktu. Kapireng nu humarurung. Kuring eureun, laju nunda sapeda. Bruh-breh getih ngabayabah. Motor ancur burantakan. Kareret aya nu ngajapapang patunjang-tunjang. Srog! Disampeurkeun. Kuniang! Nu saurang hudang. Jumarigjeug. Ujug-ujug. “Maneh! Nu nabrak aing teh?” Pokna bari nyusutan getih dina beungeutna. “Har! Dupi tadi, salira ditabrak naon?” ceuk kuring malik nanya. “Teuing da ditabrak ti tukang!” jawabna bari balelol. “Uningaan we ku salira, kuring mah make sapedah!” cekeng teh, bari nunjuk kana sapedah kumbang. “Montong, api-api siah!” bari nyerenteng. Gabrug! Ngarontok. Leketey! Les. Teu empes-empes dina tangkeupan kuring.



*Tumarima*


Ninggal kantong Néng Nunik meni saé, ninggal deui kanu Déni pon kitu deui. Kantenan kantong Néng Anisa mah, mésérna gé ti Singapur, waktos libur sakola saurna mah. Abdi mah, gaduh kantong gé kénging pamendak Apa ti jarian. Mana tos bolong jabaning soléndangna sering pegat. Iraha nya, abdi gaduh kantong anu saé? Teu kedah nu awis abdi mah, asal teu baseuh buku wé, pami kahujanan.
Kamari gé, waktos abdi wangsul sakola! Mana lapar katambih hujan meni ageung. Abdi kabulusan. Dongkap ka rorompok, teras abdi siduru dina hawu bari ngadaray-daray buku. Saur Ema téh: "Énjing mah buku téh, dipalastikan heula, nembé dilebetkeun kana kantong!"
Abdi nuju ngobrol sareng Ema, kurumuy Apa sumping bari nyandak bungkusan. Teras dipasihkeun ka abdi. Barang dibuka! Abdi ngeclakeun cisoca, namung da lapar, roti bulukan candak Apa teras ku abdi diteda..



Tidak ada komentar: