Teu karasa ngarumah tangga teh geus salapan likur taun. Genah nyandang genah nyanding. Hirup teu weleh dipiconto batur. Ngan edas, bet aya wae gogoda teh.
Basa rumah tangga panceg ka tilupuluh taun. Kuring panggih jeung sobat baheula, waktu keur ngalalana di Sukanegla. manehna nyaritakeun, yen kabogoh kuring nu baheula, nu aya di Sukanegla masih can kawin. Cenah mah, "kajeun ngajomblo batan kudu kawin ka nu sejen."
Kuring jeung sobat ngatur siasat hayang bisa nepungan urut kabogoh tea bari teu kapanggih ku pamajikan. Sapuk rek miang teh poe Senen.
Dina waktu nu geus ditangtukeun, isuk-isukna kuring geus saged dangdan, pakean keur salin geus dikana ranselkeun. Pas rek indit, muka heula dompet. Gebeg! Hate kuring reuwas, kartu ATM jeung kartu kredit ngahyang tina dompet, ngan aya sacewir kertas nu aya tulisan, "kartu kredit jeung ATM aya di aing! Rek indit mah pake we duit transportasi nu ti kantor, lamun heueuh mah tugas ti kantor!"
Kuring maksakeun indit, keur ongkos jeung biaya sapopoe ngeclokan heula ka batur sapagawean.
# Fiksimini Basa Sunda #
Tidak ada komentar:
Posting Komentar