Reketek. Reketek! Mangkek hate nu lawas kakalyangan.
Ngalayang ka ditu, ngalayang ka dieu, neangan panyugema rasa.
Amis, pait, peuheur, pahang, puguh deui nu ngabulasin mah kaasaan.
Dina wanci subuh, sora adzan ngalanglaung, ngageuingkeun pikir sangkan lilir tina dumaligdeugna raga, rosana dosa.
Ngudupruk dina lulurung kalbu.
Nyengruk mudalkeun bangbaluh.
Nya ayeuna pisan, mangsana sumerah ka Nu Maha Kawasa, memeh nyawa ninggalkeun ragana.
TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana
Blog gado gado yang sangat sederhana
Kamis, 27 Maret 2014
MANGANDEUH
Ki Somad geus saged, dicalana pangsi, baju kamprét, sirahna dibakutet iket. Gap kana kanéron terus disoléndangkeun. Rét ka Ma Irah nu camberut, biwirna badis tutut.
"Sugan téh geus dangdan! Deuk milu satéh?" cék Ki Somad.
"Lain teu hayang milu kami mah, deuk naon ulin ka dayeuh, cumah lah. Ngahahambur waktu jeung ongkos!" témbal Ma Irah nu keur ngécosan kutang.
"Aw...! Jadi katojos!" pokna deui bari ngalamot curuk nu aya getihan.
"Deuk milu, moal? Lamun moal, kami rék indit jeung si Icah!" Ki Somad ngaléos.
Jung, Ma Irah nangtung, leungeunna ngabetot baju Ki Somad, "tuh nya! Icah deui, icah deui! Pasti jeung si Icah mah balanja ka Dezon, ari jeung kami mah ning tara meuli nanaon? Ukur ngadon diuk di Alun-alun! Kuring hayang cingcaw gé tara digugu. Deukeun siah kanjut-kundang téh! Ngeunah samah mamaké duit kuring!"
Ki Somad olohok, tara-tara pamajikanana ngawakwak kawas kitu. "Deukeun siah!" Ma Irah ngagorowok deui.
"Tah! Kop téh teuing, si Icah gé loba duitna, malahan leuwih ti manéh!" Belewer kanjut-kundang dialungkeun méh waé keuna kana beungeut Ma Irah. Ki Somad ngaléos rék nyampeur Nyi Icah pamajikanana anu ngora. Di jalan pasangrok jeung Jang Aman, reg Ki Somad ngarandeg. "Rék ka mana eung, meni saged kitu?" cék Jang Aman. "Rék ka dayeuh jeung Nyi Icah. Ari siling rék ka mana? Ki Somad malik nanya. "Rék ka girang, ngalongok sawah bisi ayeuh!" jawab Jang Aman. "Hayu atuh Jang, bisi beurang teuing!" cék Ki Somad. "Mangga Ki! Aéh..., pangnalangkeun jeruk Garut sakilo mah, nya! Pamajikan kuring nyiram, hayang nu seger cenah!" cék Jang Aman bari terus indit.
Anjog di imah Nyi Icah, nyampak keur ngagusrek nyeuseuh di kamar mandina. Teu tata pasini, "Nyi, menggeus nyeuseuh téh! Hayu urang ulin ka dayeuh!" pokna. "Asik. Aceuk Irah tos panén nya? Ké atuh badé ngebak heula!" Haté Nyi Icah bungangang. Cul seuseuhaneun, baragadal muka pakéan di hareupeun Ki Somad. "Antosan di payun atuh Kang!" cék Nyi Icah bari nyanghareup ka Ki Somad. Lat, Ki Somad poho kana tujuanana. Panonna neuteup kana awak Nyi Icah nu sampulur.
"Beurang mah asa leuwih cékas ningali awak Nyai téh!" sora Ki Somad semu haroshos.
"Wéw ah! Bongan Akang, ngiliran abdina sok wengi waé!" témbal Nyi Icah bari uman-imen.
"Hayu atuh, ayeuna!" Ki Somad ngadeukeutan. Gep kana cangkéng Nyi Icah nu lengik lir papanting. Terus dipangku dibawa ka kamar hareup.
Selang limalas menit duaanana kaluar ti kamar, sup ka kamar mandi. Bari mandi suka-seuri, silihruruan. Barang Nyi Icah ningali bujur Ki Somad, "ih, geuningan kawas maung tutul!" bari nyeukeukeuk. "Eh, totol-totol gé pamuntangan Nyai. Ningan bieu gé muntang meni tipepereket!" témbal Ki Somad nu bujurna pinuh ku tapak budug.
"Akang mah ni kitu," cék Nyi Icah.
Gewur, gewur sora cai ngabanjur nu suka-ati.
Réngsé mandi, Nyi Icah mah terus dangdan, ari Ki Somad sanggeus dibaju téh terus diuk dina korsi.
"Nyi, aya kopi?" cék Ki Somad, dayagdag nyarandékeun awakna.
"Teu aya, urang mésér heula nya!" témbal Nyi icah gura-giru dibaju.
"Sakalian jeung rokona!" cék Ki Somad bari neuteup ka nu kauar ti imah.
Anjog ka warung Bi Enok, nu keur balanja méh kabéh panénjona museur ka Nyi Icah nu buukna baseuh. "Adus nih yéh!" cék Bu Hasnah.
Nyi Icah aluman-alimen.
"Paingan peuting tadi asa aya lini!" Bi Édoh mairan.
"Asa panganténan waé, meureun nya ari langka dikiliran mah!" cék Ceu Mimi bari nepak bujur Nyi Icah.
"Ah, Euceuh mah!" témbal Nyi Icah. "Bi Enok, mésér kopi sabungkus sareng roko sabungkus!" cék Nyi Icah, song mikeun duit pas teu pulanganeun. Sanggeus amitan ka nu ngariung, gura-giru balik.
"Iyéy! Bieu meureun nya?" cék Bi Mimi bari nyikikik. Ditémbal ku tingceukeukeuna jalma nu aya di warung.
Anjog ka imahna, sup ka dapur nyokot gelas jeung térmos. dek ninyuh kopi. Léos deui ka rohang tamu. Sor cikopi jeung roko ditunda dina méja.
"Abdi dangdos nya, Kang!" cék Nyi Icah. Sup ka kamarna rék neruskeun dangdanna.
Ki Somad nu keur diuk, gasik leungeunna ngarongkong roko. Dibuka tina bungkusna, mesat sabatang, pel kana biwirna, sut disundut, serebung! Serebung! Regot cikopi.
Nyi Icah nu geus rérés dangdan, kaluar ti kamar.
"Nganggé acuk ieu nya, Kang?" kituna téh semu hayang dialem.
"Nu mana wé, dék nu itu-nu ieu gé teu weléh pantés!" témbal Ki Somad.
"Hayu atuh, urang miang ayeuna!" cék Nyi Icah bari ngoncikeun kamarna.
"Naha Nyai meni léngoh, moal mawa kantong atawa dompét?" Ki Somad gegebegan. Inget kana kanjut-kundangna nu dirampas ku Nyi Irah.
"Kanggé naon ngabantun dompét ari kosong mah!" témbal Nyi Icah.
"Teu nyalahan," gerentes haté Ki Somad. Leng mikir néangan cara. Ras inget deui ka Nyi irah, nyéh seuri. Bari ngenyot roko nu méh antel kana curukna manéhna. "Kaya kieu mah kudu dibawa duanana," gerentesna.
"Kang! Kalah ngahuleng! Hayu atuh!"
Jung Ki Somad nangtung, leungeunna rumpu-rampa kana pésakna.
"Halah...! Kanjut-kundangna gé euweuh. Duh, boa-boa dicokot ku nini-nini Kuik! Akang balik heula nya!" cék Ki Somad, ngawadulna teu euleum-euleum.
"Wios teu janten ge atuh Kang! Minggon payun wé, atanapi upami abdi tos panén anu di girang, pan tos beuneur héjo!"
Plong! Haté Ki Somad ngemplong. "Tah ieu pamajikan Akang, keur geulis téh soléhah!" cék Ki Somad.
"Ya ialah..., Icah gitoh!" Icah mésem, bari di jero haténa mah norowéco. "Kelanan kuring kudu bobol dipaké ngawowoy jalu mah. Méré roko jeung kopi sotéh pédah wé geus kaarah tanagana."
Pasosoré Ki Somad mulang. Sajajalan teu weléh hariringan diselang ku norotot ngahéot. Jog ka imah Nyi Irah. Bus ka kamar, ucul-ucul pakéan nu ngari ngan kaos sangsang jeung kolor odoy. Golédag na ranjang, sakeudeung ngahérang. "Hatur nuhun Gusti! Tos diwidian abdi ngawayuh." Kituna téh bari ngusap beuteung nu weureu seubeuh, terus ngusap tulaléna nu jadi senjata andelanana. Reup tibra.
Dur Margib, "ieuh..., hudang! Geura solat améh jongjon! Panan peuting ayeuna téh bagéan héés di Si Intriwiling!" cék Ma Irah bari ngaguguyah Ki Somad.
"Rék héés di dieu!" témbal Ki Somad teugeug.
"Hudang siah! Bisi nyusul ka dieu, teu sudi neuleu beungeutna gé, keur siga lulumpang semplak téh taya kaéra si Inang mah. Omat! Peuting ieu jeung isukan mah kudu héés di ditu! Améh tara nyusul." Nyi Irah nétrot. Enya kituna mah, saha awéwéna nu bisa narima lamun didatangan ku maruna.
Ki Somad maksakeun hudang. Teu sibeungeut-sibeungeut acan, manéhna rék indit ka imah Nyi Icah. Di tengahing perjalanan Ki Somad ngarandeg. Ngarenghap panjang. Ras inget ka Nyi Icah nu geus indit nepungan kolotna cenah mah rék tilu peuting ngadon mondok di kolotna.
Ki Somad bingung, léos ka pos ronda. Dek, miluan maén kartu jeung barudak bujang.
Tengah peuting, barudak bujang bubar, baralik ka imah séwang-séwangan.
Kurumuy hansip nu rék ngararonda. Ki Somah bungah asa manggih batur jangeun ngobrol. "Nuju naon Ki?" cék hansip Rohman. "Keur reureuh Jang, mentas ngagiringkeun cai keur ka balong!" walon Ki Somad. "Ning teu nyandak pacul?" hansip Ojo laha-loho ka gigireun Ki Somad. "Pacul mah geus dibawa ku si Junéd. Hék atuh ari rék ngajagaan lembur mah, kuring rék mulang! Ieu jurig tunduh nunutur waé!" cék Ki Somad bari cengkat. Kencling balik ka teun Nyi Irah.
Anjog di buruan imah Nyi Irah, leungeunna geus dipeureupkeun. "Awas lamun teu hudang, ku aing mah dikésér!" gumarendeng. Pas di hareupeun panto, lah-lahan keketrok. Meunang sababaraha balénan Nyi Irah haré-haré kérék. Ki Somad guligah, gék diuk hareupeun panto terus nyarandékeun awakna kana panto, "rék héés di mana? Ari ka saung horéam leumpangna jeung mapay galengan. Rék di masigit, kudu hudang subuh kénéh." Bari mikir terus ngalenggut. Reup peureum. Tet, reungit nyoco pipina. Plak! Dampal leungeunna nepak reungit. "Jing téh jeung ngaganggu!" gerentesna. Lah-lahan ngageroan Nyi Irah, sorana lalaunan. "Nyi, buka panto! Ieu Akang!" pokna. Satengah ngimpi Nyi Irah mireng sora Ki Somad ngageroan. Kuniang hudang, terus kaluar ti kamarna. Bray mukakeun panto. Teu tata pasini Ki Somad ngagabrug ka Nyi Irah, curukna diantelkeun kana biwir Nyi Irah. Méré isarah sangkan teu loba tatanya. Kangaranan Nyi Irah angger wé néngtéréwélang. "Naha siah jeung balik? Réngkolan wé si Jurig Jana!" Ki Somad rikat nutupkeun némbalan, "ayeuna mah geus teu kapaké ku Si Icah téh! Buktina akang diusir peuting-peuting," témbal Ki Somad bari ngalésotkeun rangkulanana. "Waduk siah! Kuring mah teu percaya saé'hél gé! Rék héés mah di dinya tah!" Nyi Irah nunjuk kana korsi panjang. Léos ka kamar, ceklék ngoncikeun panto kamar bari ngocoblak. "Rasakeun siah tukang bohong! Aingah teu sudi héés bareng saacan nyérahkeun Si Tampolong mah!" Ki Somad teu némbal, gék dina kosri bari ngarentes, "Irah, hampura kuring hamo bisa nyérahkeun Nyi Icah, lebar ku démplonna jeung lega sawahna. Manéh ogé moal diserahkeun, karunya da manéh mah bodo, dari pada ditipu deungeun mending ku kuring!" teu sawatara lila, golédag reup peureum.
Selasa, 14 Januari 2014
Talobeh
Poe Ahad, isuk-isuk keneh Nyi Inah mireng Eje nu jadi anakna ceurik di pipir imahna. Terus diteang. Kasampak keur eurih-euriheun.
"Kunaon maneh teh, Je?" ceuk Nyi Inah.
"Hayam pamere nini tea paeh, Ma!" jawab Eje bari ngaletakan hayam.
"Piceun atuh geuleuh! Jeung diletakan deuih!" bari ngarebut bangke anak hayam.
"Aeh, ari Ema. Sugan we hirup deui!" Eje nyekel pageuh.
"Bisa kitu?" ceuk Nyi Inah.
"Geuningan ceuk bapa ge, "letakan we ameh hirup deui mah!" tembal Eje.
"Basa iraha Bapa maneh ngomong kitu?" Nyi Inah heran.
"Basa peuting, memeh sare uing ngadenge bapa ngomong kitu ka Ema!" jawab Eje, polos.
Nyi Inah ngaranjug, "sugan teh geus hees, maneh teh, Je!" kituna teh ukur dina hate.
*Fiksiminisunda*
"Kunaon maneh teh, Je?" ceuk Nyi Inah.
"Hayam pamere nini tea paeh, Ma!" jawab Eje bari ngaletakan hayam.
"Piceun atuh geuleuh! Jeung diletakan deuih!" bari ngarebut bangke anak hayam.
"Aeh, ari Ema. Sugan we hirup deui!" Eje nyekel pageuh.
"Bisa kitu?" ceuk Nyi Inah.
"Geuningan ceuk bapa ge, "letakan we ameh hirup deui mah!" tembal Eje.
"Basa iraha Bapa maneh ngomong kitu?" Nyi Inah heran.
"Basa peuting, memeh sare uing ngadenge bapa ngomong kitu ka Ema!" jawab Eje, polos.
Nyi Inah ngaranjug, "sugan teh geus hees, maneh teh, Je!" kituna teh ukur dina hate.
*Fiksiminisunda*
Senin, 06 Januari 2014
Menta Buruh samemeh Sare
Pasosore Sarna geus ngarasa cape nganteur Inah nu jadi pamajikanana, jalan-jalan di kota Bandung. "Hayu cuang balik Nyi!" ceuk Sarna. Inah ngahunted, panonna melongkeun kana baju nu dipajang dina etalase toko. "Eta mah baju keur artis! Hayu ah!" Sarna ngabetot leungeun Inah. Leos ka tempat parkir nu aya di beh kalereun alun-alun.
Anjog di tempat parkir, tap kana motor. Laju distater, dius ninggalkeun kota Bandung. Nepi ka imahna pas adan Isya. Gura-giru ka bak madi, laju arabdas deuk sarolat. Reres solat berjamaah, Inah ngaleos a dapur. Teu lila geus datang deui bari mawa cikopi. Sor di ka salakinakeun.. Leungeun Inah pak-pik-pek mukaan balanjaan tadi sore.
Wanci sareureuh kolot, Inah merelek heuay. "Kang cuang kulem yu!" ngomongna lentong. "Hayu! Tapi..., biasa, Akang rek menta buruh." Jawab Sarna bari muka baju. "Ih..., baku ari geus indit-inditan teh Akang mah, matak naon lamun titadi. Sok atuh geura nangkuban!" ceuk Inah. Dek ngurutna bari samutut.
# Fiksimini Basa Sunda #
Langganan:
Postingan (Atom)