TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Minggu, 24 Februari 2013

Marakayangan



Isuk kénéh Nyi Onih indit ka pasar, bari nungtun budakna. Waktu meuntas jalan, manéhna rugag-regog. Jedak! Katabrak mobil. Budakna kabantingkeun kana trotoar. Rob! Jelema ngariung Nyi Onih nu geus teu nyawaan. Teu sawatara lila kurumuy pulisi rék mariksa kajadian nu kalakonan ku Nyi Onih. Réngsé pamariksaan mayit Nyi Onih dibawa kana ambulan, laju ka Rumah Sakit.

Wanci tengah poé di imah Nyi Onih, jalma masih ngagimbung rék mantuan ngurebkeun layon. Teu sawatara lila kapireng sora serine mobil ambulan. Buriak jalma pada ka jalan, mapagkeun layon Nyi Onih. Laju dibawa ka masjid dék disolatan. Réngsé disolatan terus dikurebkeun. Bus layon Nyi Onih disaupkeun kana sodong, keur sesedengna nalkinkeun! Teu aya tanggara ti tadina, Breg téh hujan gedé nakeranan, nya atuh nu keur nalkinkeun téh asa karurusuh. Gura-giru hanjat laju muru tatangkalan nu aya di sabudeureun astana. Warga nu séjénna terus ngurug layon.  Brus! Brus! Taneuh disaeurkeun nepika muncugugna. Laju pupuhu kampung ngadunga sangkan Nyi Onih Manggih Bajga di kalanggengan.

Wanci peuting, di lembur jadi réhé comrék, katambah soréna geus hujan téa. Sakabéh jalma pada ngaringkeb, taya nu wani ngulampreng ka luar, sab kabiasaan, cenah mun aya nu maot tabrakan tur ninggalkeun getih, biasa sok ngajungjurigan. Da  geuning enya. Peuting harita Nyi Onih kakalayangan, néangan budakna nu ngan hiji-hijina. Unggal panto diketrokan, taya nu némbalan. Kalayang deui, bari teu weléh ceurik ngadingdiut, semu anu nahan nyeri.
Kapirengeun ku Nyi Onih aya sora budakna, keur diajak ngobrol ku Mang Toha jeung Bi Unéh. Geuleuyeung! Dideukeutan, geus sidik budakna aya di dinya, hing! Nyi Onih ceurik. Bulubus asup kana sela-sela bilik.
"Nénéng ieu Ema!" Pokna semu haroshos.
 "Ema di mana?" Nénéng ceurik bari rarat-rérét.
Gabrug! Budak dirontok ku Bi Unéh. "Nénéng! sadar Geulis, pan Ema mah geus maot,"
"Bohong ! Geuning bieu aya ka dieu," ceuk Nénéng .
Mang Toha luak-lieuk, weléh teu kacirieun, padahal Nyi Onih aya hareupeun.
"Puuuh" Nyi Onih niup beungeut Mang Toha.
"Allohu Akbar!" Mang Toha luncat bari terus susumbar.
"Ulah melang ka budak, keun ku kami dirawatan, cig geura indit da geus béda alam ayeuna mah!" Ceuk Mang Toha bari ngeleper. Bray! Panto muka ku sorangan, dibareng ku sora ngahihina Nyi Onih. Geleber! Laju ngiles diteureuy poékna peuting. 
Reup Peuting, bray beurang di lembur jadi bahan carita Nyi Onih marakayan. Dina malem Jumaah di kantor RW aya riungan nyawalakeun Nyi Onih. Pamustunganana isukan bada Jumaah cenah deuk disampurnakeun ku Mama Ajengan Usman. 
Riungan bubar, mulang ka imahna séwang –séwangan. Kurdi nu pangheulana balik tibuburanjat balik deui ka kantor RW bari hariweusweus.
“Hahahaya Honih bieu megat urang!” pokna téh.
“wah, di mana euy? Maenya beurang kénéh siah! Karék gé jam salapan peuting ieu téh,’’ ceuk Mang Momod.
Séooor!  Angin.
Paralak anu keur ngariung di buruan kantor RW aya nu ngawuran. Sakabéh pating raringeuh. Hiek! Bau hanyir getih, bari semu bau hangru.
“Nyi. Tong nyingsieunan lah!  Kadieu wé ngen bisi hayang milu ngariung!” Mang Ohim susumbar.
“Hihihihihi….,” Nyi Onih seuri  di tukangeun pisan Mang Ohim.
Sakabeh nu ngumpul jadi tagiwur, bus arasup deui ka ruangan kantor RW. Bray lampu diharurungkeun.
“Sugan kudu cararaang euy, améh teu wanieun nyampeurkeun,” ceuk Mang Momod.
“Heueuh, naha hayang naon nya ari Nyi Onih? Budak aya anu ngarorok, ceuk urang mah geus we cicing ngahenang-ngahening teu kudu ripuh kukurilingan peuting, da capé meureunan kitu peta téh.” Ceuk Mang Karta mairan.
Geleber! Plok kana kaca kantor RW, cikikik seuri. Teu sawatara lila, pok ngomong, “ Mana Si To’ib nu merkosa aing basa baheula!”
Mang To’ib nu aya di tukangeun Mang Momod jadi ngahodhod. Wer!  aya nu ngucur maseuhan calana pangsina. Bru! Ngalumbuk teu inget di bumi alam.
Geleber deui Nyi Onih hiber, néangan tempat pamatuhan. Manggih tangkal waru doyong di lebah péngkolan. Clé! Diuk bari ucang anggé dibarung ku cicirihilan.=//=Mbi=//=

Sabtu, 23 Februari 2013

Keluarga Bahagia


Keluarga bahagia bukan rumah tangga yang berlimpah harta.
Karena banyaknya harta tidak bisa dijadikan ukuran sebuah kebahagiaan.

Keluarga bahagia juga bukan rumah tangga yang tak pernah mendapat masalah, tak pernah mengalami kesusahan, atau tak pernah terlibat perselisihan.

Tapi keluarga bahagia adalah rumah tangga yang rajin dalam melaksanakan tugas dan kewajiban sesuai kapasitasnya masing-masing secara istiqamah.
Rajin ibadah mahdhahnya. Juga rajin dalam mengerjakan pekerjaannya masing-masing dengan cara yang halal.

Pandai bersyukur atas sekecil apapun rizqi atau ni'mat yang didapat.
Serta pandai menghargai sekecil apapun usaha atau pengorbanan pasanganya masing-masing.
Dan tentunya pandai mengingatkan dengan cara yang bijak jika terjadi kelalaian.

Cerdas dalam menyikapi dan menyelesaikan setiap masalah, tanpa menciptakan masalah baru.
Cerdas dalam menciptakan suasana harmonis.
Juga cerdas melakukan sesuatu yang bermanfaat bagi dirinya, keluarganya, serta lingkungannya

Sabtu, 16 Februari 2013

Herbal sunda

 

                                                                 
Mangfaatna Daun Sareng Akar Sadagori

Tos pada kauninga ku sadayana, réhna tangkal sadagori mah sok aya di sabudeureun buruan, namung urang kirang merhatoskeun mangfaatna daun sareng akar sadagori. Saperkawis éta,  abdi badé medar sakedik  perkawis sadagori sareng mangfaatna.
Daun sadagori téh tias diangge ngalandongan:  Ngalancarkeun haid, ngalemeskeun kulit, bisul, kulit anu nanahan, éksim, ngalancarkeun miceun, muriang, borok peujit , disentri, malaria, rematik, cacingeun sareng panyawat anu sanésna. Mung kadé! Saupami  anu nuju kakandungan mah, teu kénging dipasihan, kualatan tiasa ngagugurkeun anu aya dilebet (janin).
Carana:
Kanggé landong lebet: Sik-sik sing ipis akar sadagori seueurna 50 gram, ditambih gula bodas, langkung saéna mah nganggé gula kawung sacekapna, teras digodog sareng cai 3 gelas dijantenkeun sagelas. Dileueut tina sadinten mung sakali énjing-énjing wungkul.
Kanggé saluareun kulit:  Taruk daun sadagori sabaraha lambar, gumantung ageung alitna panyawat, lajeng diréndos teras di balurkeun atanapi dipopokeun kanu aya panyawatan.***

 Daun Pungpurutan


Pungpurutan nyaéta salah sawios tutuwuhan nu alit kalebet perdu. Sok seueur di sisi jalan atanapi di sisi tegalan. Mangfaatna kanggé: Diséntri sareng sesah kahampangan anu sakaterang abdi mah.
Carana: Petik sasabaraha lambar daun pungpurutan, teras diwasuh sing dugi ka beresih. Salajengna Gecek daun éta sareng cai sagelas kana rantang atanapi Waskom. Teras disaring. Leueutna enjing-enjing sareng wengi dimana bade kulem.***
*Mugia aya mangfaatna kanggé urang sadayana* Kenging: Pelangi/Mbi Chymepm/Eni Setiani*

Kamis, 14 Februari 2013

*Sadedegan*



Runggunukna halimun di luhur gunung, teu jadi halangan mangsa rék miang. Seja néang pependeman nu pernah katunda. Babawaan geus ngumpul. “Jig, gera indit, sing salamet. Omat jingjing lamun geus hasil!” ceuk indungna. Kencling, Jupri indit, ditutur pangdunga ti indungna, seja neang kembang katresna Nyi Romlah wastana. Srog, nepi ka puncak gunung, kesang ngurutug maseuhan awak saharita tuus katebak ku angin lirih. Rét, ka lembur jugjugeun. Nyéh seuri. “Antosan, geulis! Sakedap deui Engkang dongkap,” gerentesna. Laju mudun, muru lembur. Lebah landeuh anu liuh, kapireng aya sora pangumumam ti salah sahiji masjid. “Parantos mulih ka jati mulang ka asal. Néng Romlah putrana Bapa Arnasan.” Durugdug, léngkah Jupri digancangan. Satepina ka imah Bapa Arnasan, jalma geus ngagimbung. Ngarérét ka hiji wanoja anu keur nukangan, sidik pisan dedeg jeung pakéana  siga Nyi Romlah. Teu tata pasini langsung dirangkul. Nu ditangkeup langsung malik. Gebeg! Jupri reuwaseun pisan. “Punten ambu!” cenah ceuk Jupri bari ngaléos, éra!
                                                     
                                                             ***//***




*Kaos Partéy*


Saparat-parat jalan, ngajajar rupa-rupa kélébét jeung umbul-umbul. Balé désa didangdanan, cenah mah deuk kadatangan calon angota déwan. Enya wé…, teu sawatara lila, kurumuy mobil sédan dikawal ku sababaraha motor pulisi. Pangeusi mobil terus turun, muru korsi nu geus disadiakeun. Waktu calon anggota déwan biantara, anjeuna  ngarérét ka belah kénca, na ari pok téh “Pa Lurah! Ari itu sawah saha? Teu ngahargaan pisan, partéy!” Bari nunjuk. Sakabeh jalma ngaleret ka sawah. Bréh téh bebegig keur gagaléongan katebak angin.