TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Sabtu, 16 Februari 2013

Herbal sunda

 

                                                                 
Mangfaatna Daun Sareng Akar Sadagori

Tos pada kauninga ku sadayana, réhna tangkal sadagori mah sok aya di sabudeureun buruan, namung urang kirang merhatoskeun mangfaatna daun sareng akar sadagori. Saperkawis éta,  abdi badé medar sakedik  perkawis sadagori sareng mangfaatna.
Daun sadagori téh tias diangge ngalandongan:  Ngalancarkeun haid, ngalemeskeun kulit, bisul, kulit anu nanahan, éksim, ngalancarkeun miceun, muriang, borok peujit , disentri, malaria, rematik, cacingeun sareng panyawat anu sanésna. Mung kadé! Saupami  anu nuju kakandungan mah, teu kénging dipasihan, kualatan tiasa ngagugurkeun anu aya dilebet (janin).
Carana:
Kanggé landong lebet: Sik-sik sing ipis akar sadagori seueurna 50 gram, ditambih gula bodas, langkung saéna mah nganggé gula kawung sacekapna, teras digodog sareng cai 3 gelas dijantenkeun sagelas. Dileueut tina sadinten mung sakali énjing-énjing wungkul.
Kanggé saluareun kulit:  Taruk daun sadagori sabaraha lambar, gumantung ageung alitna panyawat, lajeng diréndos teras di balurkeun atanapi dipopokeun kanu aya panyawatan.***

 Daun Pungpurutan


Pungpurutan nyaéta salah sawios tutuwuhan nu alit kalebet perdu. Sok seueur di sisi jalan atanapi di sisi tegalan. Mangfaatna kanggé: Diséntri sareng sesah kahampangan anu sakaterang abdi mah.
Carana: Petik sasabaraha lambar daun pungpurutan, teras diwasuh sing dugi ka beresih. Salajengna Gecek daun éta sareng cai sagelas kana rantang atanapi Waskom. Teras disaring. Leueutna enjing-enjing sareng wengi dimana bade kulem.***
*Mugia aya mangfaatna kanggé urang sadayana* Kenging: Pelangi/Mbi Chymepm/Eni Setiani*

Tidak ada komentar: