TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Sabtu, 09 Februari 2013

Kareueus



Fikmin#Pangeusi Kamar Nomer Dualas#

Waktu ngeusian kamar nomer tilulas, dina peuting kaduana Nyi Onih taya nu nuguran, pédah geus rada bérag. Témpo kapeutingnakeun, manéhna rada ngahuleng, di luar kapireng aya jalma tingsalegruk. “Beu, boa-boa pangeusi kamar sabeulah, tos dipundut ku Nu Rahayu,” pikir Nyi Onih. Enya, teu sawatara lila aya sora roda didorong bari dibarengan tingaringhak.
Panceg jam dua peuting. Rekééét, panto kamar aya nu mukakeun. Perawat asup deuk mariksa inpusan. Saléosna perawat kapirengeun ku Nyi Onih aya sora anu déhém. Hieeek, bau sireman minuhan rohangan. Simbut gancang dibedol, dipaké nutupan beungeut. Késang badag, ngurutug maseuhan awak. “Bu! Buuu,” aya sora gigireuna, meni haroshos. Gebeg. Ngawani-wani maneh. Lalaunan simbut nu nutupan beungeutna dibuka. Rét kanu keur ngajanteng gigireuna, “Éh, gening suster, badé marios naon deui?” Perawat teu némbalan. Rét, Nyi Onih ningali kana bitis perawat, aya cai ngurutug mapay bitisna.*Mbi Chymepm*

Tidak ada komentar: