TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Minggu, 03 Februari 2013

Di Terminal Ojeg



Waktu nungguan panumpang,  Wanta ngarérét ka tatanggana, anu rék ka pasar dianteur ku anakna nu bungsu,  maké motor modél heubeul.“Tuh, tingali euy, picontoeun mah, tapi, sok asa watir jeung karunya ari ningali Nyi Onih téh, mangkilang salakina gedé panghasilan, tapi manéhna mah busitin. Pakéan basajan, tara meuli nu mahal, henteu make perhiasan kaleuleuwihan, maké gé suweng sagedé huntu hayam sigana téh tamba dirawu kélong. Teuing haténa mah meureun sarua wé jeung awéwé séjén, aya kahayang. Ngan euweuh kawani ménta kasalakina, hirupna istuning sapaméréan, cenah mah. Geus jarang, awéwé kawas Nyi Onih ayeuna mah,’’ ceuk  Wanta, bari noel ka  Mi’an. “Enya, da kami mah, mun seug boga hayang ngadangdanan pamajikan,”  Mi’an mairan. “Ari didinya, hayang boga pamajikan model Nyi Onih?” ceuk  Wanta. “Saha nu embung, euy! Sedengkeun nu di imah mah, lamun kurang saeutik gé langsung nyangangang” témbal  Mi’an. “Enya, naha iraha pamajikan urang bisa robah? Mangkilang geus diomonganan, sina nurutan Nyi Onih. Eééh, angger wé loba paménta. Teu nilik kana panghasilan salaki.” Wanta rada ngaheruk. Keur anteng ngobrol kurumuy panumpang. “Mang, narik?!” pok na. “Mangga néng, kamana?” ceuk  Wanta. “Ka Sukanegla,” beres adu harga, gerung motor disetater, dius nganteurkeun panumpang.*Mbi Chymempm*

Tidak ada komentar: