Runggunukna halimun di luhur gunung, teu jadi halangan
mangsa rék miang. Seja néang pependeman nu pernah katunda. Babawaan geus
ngumpul. “Jig, gera indit, sing salamet. Omat jingjing lamun geus hasil!” ceuk
indungna. Kencling, Jupri indit, ditutur pangdunga ti indungna, seja neang
kembang katresna Nyi Romlah wastana. Srog, nepi ka puncak gunung, kesang
ngurutug maseuhan awak saharita tuus katebak ku angin lirih. Rét, ka lembur
jugjugeun. Nyéh seuri. “Antosan, geulis! Sakedap deui Engkang dongkap,”
gerentesna. Laju mudun, muru lembur. Lebah landeuh anu liuh, kapireng aya sora
pangumumam ti salah sahiji masjid. “Parantos mulih ka jati mulang ka asal. Néng
Romlah putrana Bapa Arnasan.” Durugdug, léngkah Jupri digancangan. Satepina ka
imah Bapa Arnasan, jalma geus ngagimbung. Ngarérét ka hiji wanoja anu keur
nukangan, sidik pisan dedeg jeung pakéana siga Nyi Romlah. Teu tata pasini langsung
dirangkul. Nu ditangkeup langsung malik. Gebeg! Jupri reuwaseun pisan. “Punten
ambu!” cenah ceuk Jupri bari ngaléos, éra!
***//***
***//***
*Kaos Partéy*
Saparat-parat jalan, ngajajar rupa-rupa kélébét jeung
umbul-umbul. Balé désa didangdanan, cenah mah deuk kadatangan calon angota déwan.
Enya wé…, teu sawatara lila, kurumuy mobil sédan dikawal ku sababaraha motor
pulisi. Pangeusi mobil terus turun, muru korsi nu geus disadiakeun. Waktu calon
anggota déwan biantara, anjeuna ngarérét
ka belah kénca, na ari pok téh “Pa Lurah! Ari itu sawah saha? Teu ngahargaan
pisan, partéy!” Bari nunjuk. Sakabeh jalma ngaleret ka sawah. Bréh téh bebegig keur
gagaléongan katebak angin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar