Nyusul Nu Mulang
Geus sasabara bulan Mang Jum’an hirup nyorangan. Ray,
beurang gawé ukur ka sawah, reup peuting ngan hulang-huleng. Beretek! Beurit,
lumpat ka hareupanana semu anu ngajak ocon.
Mang Jum’an haré-haré. Pikirana kumalayang ka pamajikan. Gep! Kana
cempor, léos ka pangkéng. Karék gé
ngagéléhé! Breg! Hujan dibarengan ku barasatna kilat jeung beledug sora
guludug, nu handaruan. Reup! Cempor
pareum, katiup angin, nu asup kana
sela-sela bilik. Karayaaap! Gep! Kana panékér, sut disundutkeun kana cempor.
Burinyay! Beledug! Guludug datangna nyakaliguskeun. Cleng! Cempor nu keur
dicekel mecleng, minyak tanahna mancawura. Guuur! Palupuh kaduruk! Bakating ku
gugup, krup! Dirungkup ku simbut. Seuneu tambah ngagegedur. Belecet! Ka dapur.
Jedak! Tarang kana tihang. Bruk! Sorondoy dapur nambru ninggang sirah Mang Jum’an. Leng! Les teu
inget dibumi alam. Bray! Beunta, “Wilujeng sumping Kang!” ceuk pamajikana bari ngais orok, nu opat bulan ka tukang, geus miheulaan mulang ka kalanggengan.
Pangeusi Kolong Golodog
Harita poé juma’ah, indungna Undi keur gegesut, sagala
dikumbah teu sirikna cocotom gé disikat. “Ma! Mana sandal uing?” ceuk Undi.
“Tuh…, keur didaraykeun!” témbalna. “Eueueuh! Angger ari geus kudu maké butut
téh! Nu alus mana, Ma?” Undi rada rungsing. “Iyeuh! Sujang! Ulah hayang maké
anu weuteuh ka masjid mah, nu penting beresih!” indungna mapagahan. “Panan
cenah saur ustad gé, pami badé salat, kudu maké nu alus komo maké seuseungitan
mah!’’ bari ngajangilek. “Sujaaang!
Déngé ku manéh! Waktu make sandal alus gening kalahka leungit, jung gera indit
kadituh! Yeuh duit keur kéncléngna.” Léos Undi indit ka masjid dibarengan ku
bapana.
Naur Catur
Lapat-lapat, lambak gumulung di tengahing sagara. Jeleguuur!
Léb! Nyéblok, maseuhan kikisik. Batu karang siga anu ngagupayan, ngahiap raga,
anu keur nandang tunggara. “Kang! Kuring datang, seja naur catur, mayar carita
baheula. Nu pernah dikedalkeun di ieu tempat. Urang duaan badé sasarengan
salawasna. Nyanggakeun! Diri abdi, tawis katresna ka Akang.” Ngeuleuyeung…,
nyampeurkeun lambak nu keur motah. Brus! Leeep! Leeep, beuki tengah! Kedewek!
Suku aya nu ngabedol. Lep! Les! Bagja kokojayan jeung manéhna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar