TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Kamis, 22 November 2012

Era Parada





Hiji poe mang kemed indit ka kota rek nyiar gawe lantaran di lemburna geus euweuh deui pacabakan , di sawah geus rengse tinggal nunggu panenna ari ngan sakadar nungguan pare hejo bisi ku manuk mah mang kemed sok nitah anakna atawa pamajikanna da maranehna ge geus apal tur gampang tinggal ngagebrg gebrig bebegig , nya kitu deui di kebon geus tinggal nungguan da di pelakan gagang sampeu nu geus kari alaeun nunggu beutina gararede .

Barang nepi ka kota mang kemed rada ho’okeun ku pasaliwerna kandaraan , meh manehna teu bisa meuntas alatan sieun katabrak . di sajeroning hate mang kemed ngadalindeng : deuh kieu gening kota teh , kudu kasaha nanyakeun pagawean nu bisa dipigawe ku kuring , geningan jelema teh halare hare leumpang sewang sewangan , rajeun ge aya nu patungtun tungtun meureunan jeung papacangana atawa kulawargana . naha kuring arek ka saha jeung ka belah mana , naha aya kitu jelema anu rek ha’at ngagawekeun kuring . Nu antukna mang kemed bingung nyarande dina handapeun tangkal ki hujan .

Teu sawatara lila aya jalma lalaki tur tegep ngaliwat bari pok nanya ka mang kemed : keur naon mamang meni siga nu linglung ?  mang kemed curinghak aya nu nanya pok mang kemed ngajawab : nuju ngiyuhan aden , mamang teh rek nyiar gawe sugan jeung sugan ayanu butuheun ku tanaga mamang . ana pok  teh eta jalma tegep nyarita : kabeneran mamang di tempat gawe kuring ngabutuhkeun keur tukang nyacar taman . mang kemed atoh kacida lantaran pagawean kitu mah geus biasa nu di lakonan ku mang kemed sapopoe di lemburna .

Kacaritakeun mang kemed di bawa ku eta jalma ka hiji tempat nu agreng tur sigrong , hate mang kemed noroweco : naha ieu teh imah atawa nanahaon jeung naha eta jelema meni ka pabaliut . mang kemed di tungtun ka ku eta jalama  jalan tukang , maklum da jalan hareup mah keur nasabah . mang kemed nanyakeun naha bangunan naon ieu teh , di jawab ku jalama tadi yen ieu bangunan Bank tempat jalma nu nabungkeun duitna atawa nu nyokot jeung sajaba ti eta . Mang kemed karek ngarti da di lemburna mah boro boro nabung ka Bank rajeun boga oge dui sesa sok di beulikeun perhiasan pamajikanna itung itung nunda cenah.

Isukna mang kemed geus ngamimitian gawe nyacar jukut di haeupeun kantor Bank tea , bari nyacar mang kemed maca tulisan OPEN , beuh cenah Bank tapi naha bet tulisanna OPEN ceuk pikir mang kemed  apan open mah paranti ngabakar/ atawa nyieun bolu di lembur mah , boa boa hareupna mah enya open matak matak kuring di bawa katukang oge bisi panas meureunan . sajeroning mang kamed ngahuleng jol urang BARAT kulit na BULE asup ka jero Bank , ku mang kemed rek di carek ngan eta urang barat teh geus asup . teu sawatara lila aya nu kaluar ti jero eta bang nu mang kemed teu apaleun asupna , mang kemed beuki molohok ho’okeun bari nyarita CEUK AING GE MONTONG ASUP KA JERO OPEN DASAR BULE , TUH JADI WE BIJIL TIDINYA TEH TUTUNG .

Sanggeus 2 poe pagawean mang kemed rengse , terus beberes rek mulang , sanggeus beberes si emang di geroan ku jalma nu mawa mang kemed tea , bari pok : mang kadieu , hayu urang nyokot buruh emang ka hareup . mang kemed reuwas bari mugen ,pok na teh: punten  aden pang nyandakeun we , emang  mah sieun tutung . jalama nu mawa tea mang kemed colohok bari pok : naon maksud na mang make jeung tutung sagala ? , pok mang kemed ngajawab : itu pan di payun ten aya seratan open , maenya emang kedah lebet ka jero open jabaning kamari ge aya buktos urang bule lebet ka dinya ari lungsur janten tutung . jalma nu mawa mangkemed nyakakak nepika pipingkelan bari pok : emang ari hartina open teh muka make bahasa inggris ambeh jalma nu teu ngarti bahasa Indonesia atawa sunda ngarti , lain open paranti ngabakar bolu siga di dapur . mang kemed rada Era Parada maklum  urang kampung ,boro boro bahasa inggris bahasa Indonesia ge kurang lancar .

**ceuk sahadena mah lamun di hareupeun kantor naon wae : gunakeun bahasa Indonesia atawa di tambah ku bahasa lain , ulah ngan ukur bahasa deungeun nu di tapelkeun , HORMATILAH DAN CINTAILAH BAHASA INDONESIA  KARENA BAHASA CIRI SUATU BANGSA gerentes hate mang kemed *by:pelangi*

Tidak ada komentar: