Hiliwirna angin nebak pucuk paré, ngupahan diri, rumahuh ripuh, nandangan sangsara balangsak, taya ka boga, késang laat léét nyiprukan sakujur awak.
Cul pacul di tunda heula, kusiwel muka botol nu eusi ku cai
entéh bari, bawa ti imah, regot nginum. Hanaang ilang sakedapan. Renghap dada
rada longsong, katingali juragan istri, tos kurumuy, mapah mapay galengan, bari
dipayung mendung.
Srog, juragan istri
ngasongkeun boboko bari nyarios: “Mamang gera daang heula, hampura nya, rada
beurang,”.
Teu diengkékeun deui, kedewek kana boboko bari terus muka
timbel. Kuring rada héran, naha sangu timbel, meni badag pisan. Pok kuring
nyarita: ” Juragan istri, naha sangu téh meni ageung-ageung teuing, da moal
kadahar ku mamang mah,”. Juragan istri ngawalon: ”Keun atuh teu séép mah, jang bekeleun ka imah mamang” Bari teras,
juragan istri mulih deui ka bumina.
Sajongjonan kuring dahar, ni’mat pisan.
Sajongjonan kuring dahar, ni’mat pisan.
Réngsé ngeusian beuteung kuring reureuh heula, ngumpulkeun tanaga. Gecruk deui kuring
macul, népi ka wanci lohor, kuring balik. Satepina ka imah, anak pamajikan geus
ngadagoan. Brak, sangu tonggéng dibuka, di ronyok ku anak jeung pamajikan.*Mbi Chymepm*