TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Jumat, 28 Desember 2012

Sangu Tonggéng





Hiliwirna angin nebak pucuk paré, ngupahan diri, rumahuh ripuh, nandangan sangsara balangsak, taya ka boga, késang laat léét nyiprukan sakujur awak.
Cul pacul di tunda heula, kusiwel muka botol nu eusi ku cai entéh bari, bawa ti imah, regot nginum. Hanaang ilang sakedapan. Renghap dada rada longsong, katingali juragan istri, tos kurumuy, mapah mapay galengan, bari dipayung mendung.
 Srog, juragan istri ngasongkeun boboko bari nyarios: “Mamang gera daang heula, hampura nya, rada beurang,”.
Teu diengkékeun deui, kedewek kana boboko bari terus muka timbel. Kuring rada héran, naha sangu timbel, meni badag pisan. Pok kuring nyarita:  ” Juragan istri, naha sangu téh meni ageung-ageung teuing, da moal kadahar ku mamang mah,”. Juragan istri ngawalon: ”Keun atuh teu séép mah, jang bekeleun ka imah mamang” Bari teras, juragan istri mulih deui ka bumina.
Sajongjonan kuring dahar, ni’mat pisan.
Réngsé ngeusian beuteung kuring reureuh  heula, ngumpulkeun tanaga. Gecruk deui kuring macul, népi ka wanci lohor, kuring balik. Satepina ka imah, anak pamajikan geus ngadagoan. Brak, sangu tonggéng dibuka, di ronyok ku anak jeung pamajikan.*Mbi Chymepm*

Tidak ada komentar: