TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Rabu, 19 Desember 2012

Kabita





Disisi wahangan, aya jajaka nu ngajingjing lauk di tiiran. Katingalieun ku aki aki, pok aki nanya éta jajaka :”Aya laukan Den ?” ceuk aki aki, bari ngarérét kana jajaka .

Jajaka ngawalon :”Aya . . . ki, upami diimeutan mah”!

Aki aki :”Nya, atuh aki gé arék nurutan”. Bari léos, gura giru mulang ka Imahna, teu nolih batu tinceukeun, nu laleueur. Teu tata pasini, barang nepi ka imahna. Kedewek kana korang, terus ditalian kana cangkéng . Rét kana kecrik, ana diulak ulik, sihoréng geus teu nyareuweu .

Gorowok si nini, ti pipir ngageroan :”Aki . . .arék kamana?”. “Rék ngecrik,kabita ku budak bujang, sugan wé, meunang lauk Emas anu gedé, keur deungeun kejo engke soré . Hayang aki gé dihanyir, ulah am peda, am peda !". Ceu si aki bari ngagidig .

Nepi ka sisi wahangan, teu tata pasini, si aki pasang kuda kuda, kecrik dikulawitkeun kana siku, Luuuung . . . dialungkeun, meni buleud . Sababaraha kali si aki ngalungkeun kecrik, tapi hasilan nihil, teu betok betok acan. Nu karungkup ku kecrik aki, ngan ti kini kini.*pelangi*

Tidak ada komentar: