TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Kamis, 20 Desember 2012

Keueung






Asa ku aranéh, tengah peuting bari ngaririncik hujan leutik ditambah ku poék bulan. Hawar hawar aya sora kliningan, meni ngeungkeung  sorana bijil ti hiji gudang. Kuring ngoléséd ti pangsaréan, rét  ka si Kuntring nu morongkol teu dikeukeupan, ngan ukur disimbut ku samping kebat motip kembang, diamparan samak saheulay, tong boroning sepré  teu dikasur kasur acan.

Bray . . .panto dibuka dilalaunan, kasampak di buruan aya ucing hideung molototan, pelongna seukeut lir mata pedang. Kuring gancang nguliwed ka pipir, angkanan rék nyokot jas hujan nu ngagantung gigireun tarajé. Rét ka kolong, lebah hanadapeun golodog aya sandal jeung sapatu butut gigireun batu tatapakan. “aaah moal dipaké, mending nyékér”, gerentes haté.

Keteyep kuring leumpang ngajauhan, muru sora nu awor jeung cai hujan. Nepi ka lebah péngkolan, séaaaak bulu punduk muringkak, hiliwir seungit kembang, kuring culang cileung. Teu tata pasini, kuring balik deui sakalumpat lampét, tunggul di larung catang dirumpak. Keueung ! ! !*Mbi Chymepm*

Tidak ada komentar: