Beletuk-beletuk, sora buntut cakcak, di ketruk-ketruk kana
méja. Maksud ngageroan bikangna, sangkan datang ngadeukeutan. Teu kungsi lila,
cakcak geus paduduaan, bari ararocon semu anu bungah pisan.
Barang rét, jaluna
ngarérét, kahiji lumur, nu eusina cai kopi, tinggal sarapatna deui. Pok jaluna
didisana, kieu meureun babasaanna téh : “Néng, tingal, aya cai kopi. Hayu urang
leueut ku duaan,”. Bikangna atoh pisan, keur mah lapar urut dioconan, tambah
nyampak cai nu amis. Cakcak bikang tambah gumeulis, belecet miheulaan, gajléng
kajero gelas, dituturkeun ku jaluna.
Sapasang cakcak, suka bungah, kokojayan
dina sagara kasenangan, teu apaleun maranehna téh, kana pimatakeunana. Cakcak
anteng ngumbar citresna, tug népi ka leuleusna.
Waktu rék hanjat, karék sadar, maranéhna
teu bisa manjat, kualatan sukuna baraseuh tur lumurna tina gélas kaca. Sapoé
sapeuting, cakcak di jero gelas, nu antukna cakcak paéh duanana.*Mbi Chymempm*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar