TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Kamis, 03 Januari 2013

Di Pangumbaraan





Gelikna sora suling, di tambah ku jentréngna sora kacapi, ngahudangkeun katineung rasa. Bray, dina implengan, kacipta pakusarakan anu jadi pangbalikan, lembur matuh karang pamidangan, lembur kuring, anu hejo lémbok, cur cor cai, matak  betah tur tumaninah, hirup kumbuh di lembur ngariung jeung dulur. Ari seug kuring, ayeuna aya dipangumbaraan, jauh ka dulur, anggang ka baraya. Lieuk deungeun, lieuk lain.

“Ema! Bapa, hampura lain kuring, tamélar jolédar ka aranjeun!  Pidu'ana nu di anti-anti siang sinareng wengi, kuring aya dina kabagjaan sanajan  di pangumbaraan. Ema! Bapa! kuring rumasa ,can bisa mulang tarima, sugan isuk atawa géto kuring balik jadi TKW, bisa mulangkeun kanyaah, sok sanajan ukur sacanggeum béas, anu dibawa’’ Gerentes haté, bari reumbay cimata.*Mbi Chymepm*

Tidak ada komentar: