TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Rabu, 28 Maret 2012

NAHA ENYA


       Ceuk anjeun  mah diri kuring goreng patut
       Awewe bête kapoe . . .
       Pagawean punta penta
       Bari tara barang bere . . .
       Naha  ti mana manggih pikir nu nyungkelit
       Meureun  anjeun geus boga gaganti diri
       Nu sajati nu geulis kawanti wanti
       Luhur elmu pangaweruh . . .
       Bandana  balatak rea
       Sidik  diri kuring nu nunggelis
       Beungeut teu di sumput sumput
       Ka boga negrak  nonggerak . . .
       Diri ngan ukur bisa babakti
       Ka Gusti reujeung  salaki
       Subuh subuh tuturubun tug nepi ka wanci peuting
       Gegeroh  luat leet lamokot kesang
       Pikiran ka buntang banting
       Nu mana nu rek dipenta ti diri kuring ?
       Bebas micinta tatangga nu lain hakna ?
       Deudeuh . . .
       Sanajan  ngan ukur gambar jeung tulisan
       Sadaya  ngandung siloka
       Yen anjeun midua cinta.
       Deudeuh  mun enya kitu
       Eta tos lebet  jinah mata jinah hate tur pikiran
       Cag ecagkeun mun enya ngagem agama
       Balik ka diri anu sajati
       Mulang ka asal  mun boga rasa
       Muncang labuh ka puhu kebo mulih pakandangan
        Yaaap . . . .*BY:P*

Tidak ada komentar: