TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Rabu, 09 Januari 2013

Sisimpenan






 Peledug, kukus meni ngelun. Embah dukun kunyam-kunyem, mapatkeun jampé pamaké. “Néng, leres geningan, tuang raka téh kagungan sisimpenan!”  saur Embah dukun. Kuring teu reuwas, da éta nu ditanyakeun, ngan haté panas, nyongkab, ambek nyedek. Kuring ,amitan. Gura-giru balik. Datang ka imah salaki nyampak. Teu tata pasini: “Pah! Matak naon, jujur, upami leres gaduh simpenan!”  Kuring bari popolotot. “Aya naon ieu téh, datang-datang ,ujug ngagantawang, calik heula kadinyah! Ieuh…,saupami aya masalah, sok nyarios ka papah!” Ceuk salaki kuring bangun tenang. “Ulah, api-api teu ngarti laaah!” Ceuk kuring norowélang, kawas kacang ninggang kajang. “Kadieu geulis, pan mamah gé terang, saupama papah atawa mamah pisan, peryogi artos, sok nyandak kuduaan, na simpenan naon deui?” Salaki kuring tetep leuleuy. “Sanés perkawis artos, saur nu sanés papah gaduh simpenan, malih mah disumputkeun!” Salaki Kuring kalah ngaléos, teras nelepon ka Mang Sadma, supir nu nyicingan kantor: “Cik Mang, candak kadieu ayeuna mah, koncina dina laci!” Kuring kerung, naha naon nu rék dikadieukeun.Teu kungsi lila, mobil sédan, cét beureum, geus ngabagug di pakarangan.

Tidak ada komentar: