Pasosoré Aki Wanta
balik ti kebon. “Engkah! Cik nyambel, panan ieu kami mawa lalab!” Ceuk Aki Wanta
ka pamajikanana.
“Heu-euh! Ké Urang
nyambel, kabeneran ieu gé keur meuleum
tarasi! Ka cai heula, angguran mah!” Ma
Engkah ngajawab, bari tonggoy ngasur-ngasur hawu, nu ruhakna geus mancawura,
kana parako. Saléosna Aki Wanta ka cai, Ma Engkah nyayagikeun pesenan salakina.
Teu kungsi lila,brak, dalahar duaan di tengah imah.
“Engkah! Cik, asaan sambel téh, bet asa kieu jeung hideung
deuih!” Aki Wanta rada ungas ingus, bari ohék-ohékan.
“Tarasina katutungan!
Cikan!” Ma Engkah ngagusur cowet anu dihareupeun Aki Wanta. Léos, Ma Engkah ka
hareupeun hawu, bari mawa cowét.
“Manéhna! Enya geningan, tarasi mah ieu, aya!” Ma Engkah
ngagorowok.
“Na, ari nu disambel naon? Boa-boa tai ucing siah!” Ceuk Bah
Wanta, bari nyampeurkeun. Habek, bujur Ma Engkah ditalapung, nepika ti jongklok
kana juru parako, cowét nu dicekelna luncat kana tarang Aki Wanta. Anak ucing
nu bulu hiris, uang-éong mencrongkeun ti pipir hawu.*Mbi Chymepm*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar