Wanci haneut moyan, Bah Emo calik ditepas disarengan ku Pa
Asikin. Aranjeuna, uplek ngobrol ngalér-ngidul. “Asa
aya nu kurang, ieu téh Yi! Cikopi aya, bubuy sampeu aya, aéh, enya padudan!”
saur Bah Emo, bari terus nyauran istrina, “Nyi! Cikan padudan apa, kadieukeun!”
“Dina naon, nyimpenna?” Walon Ma Enok.
“Dina palangdada! Sakalian jeung bakona!” Saur Bah Emo.
“Teu aya padudan mah, mung bakona wungkul!” Walon Ma Enok,
bari teras nyampeurkeun ka tepas.
Kaingal ku Ma Enok, padudan téh napel dina
lambey Bah Emo. Ceukeukeuk Ma Enok seuri.
“Lain nyeungseurikeun! Téangan angguran kadituh, sing népi
ka panggih!” Saur Bah Emo bangun keuheul.
“Cobi toong, ka kolong! Bilih apa nyimpen, teras
moncor!” Saur Ma Enok, semu rada
ngaheureuyan.
Teu tata pasini Bah Emo lajeng noong. Duk. Padudan miheulaanantel
kana palupuh. Pa Asikin, bati gumujeng dina manah, anjeuna mah tos apal
panyawat Bah Emo.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar