Palastra
Wanci peuting pilemburan sepi jempling. Budak leutik jeung
awéwé geus blas-blus, arasup kana lombang di kolong imah. Dérédéd! Dérédéd!
Sora bedil Géren dibekaskeun. Pangeusi lombang ngahéphép, ngadedempés. Bluk!
Bluk! Sora sapatu gorombolan ngaliwat diburuan. Teu sawatara lila. Dooor! Aaaw…!
Dooor! Allohu Akbar! Dooor! Jempling, nu di kolong beuki ngayekyek.
“Palangsiang!” Nini kuring ngaharéwos. Satengah jam tiharita. “Engkus euy!
Engkus téwas!” Buriak kabéh lalaki nu keur jaga, ngudag sora. Nyampak Engkus
geus ngajapapang guyang getih di tengah jalan.
Angin Puyuh
Séooor. . .! Angin gedé nakeranan. Cai dina balong
paburisat, kasedot siritbatara. Dorodooook! Gubrag! Imah kuring katinggang
tangkal limus. “Nyi..! Do…! Ti...!” Kuring ngagorowok. Kocéak! Dodo anak kuring
anu cikal. Dengék! Siti ceurik bari ngageroan indungna. “Ema…..!” sora Siti
atra pisan. Angin leler, kuring kaluar tina tumpukan kai jeung kenténg nu
patulayah. Getih baloboran teu di tolih. Gok, Dodo teu parna. “Pa, itu si dédé!”
Ceuk Dodo bari nunjuk kalebah adina anu karungkupan dahan limus. Srog! Bréh!
Siti anak bungsu, katindihan ku indungna, semu ditangkeup pageuh. Lalaunan Siti
ditarik. Barang malikeun awak indungna, getih minuhan raray. Bray, kurudung
dibuka, rambutna kabuntel getih lalambaran. Ragamang, ngarampa mastakana.
"Gusti! Geningan remek! Leketey...,
les...," katurelengan, teu inget dibumi alam.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar