TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Kamis, 10 Januari 2013

Nasib Jalma Leutik





“Ma, naha énya, juragan Jéjé téh, dulur urang?’’ Ceuk Undi, ka Indungna. “Aya naon kitu, manéh jeung nanyakeun, juragan Jéjé sagala?’’ Indungna malik nanya. “Teu nanaon, pédah wé, ngahaja di taros ku uing, anjeuna haré-haré, bujeng-bujeng ngawaler, ngalieuk gé ka uing téh henteu,” Ceuk Undi. “Euh, ujang,hampura, nya, panginten anjeuna téh, teu apalaeun, atanapi anjeuna, nuju sibuk, omat,ulah goréng sangka, ka batur, nya!” Ceuk indungna. Undi terus ngaléos,mawa kukudaan tina palapah cau. Sajeroning ulin, Undi teu weléh inget, bari ngomong sorangan. “Naha salah, mun uing nanya Juragan, naha isineun kitu, pédah uingah kuleuheu, jabaning anak nu sangsara taya kaboga. Parandéné kitu, meureun enya, ceuk si ema gé, teu apaleun’’ Saminggu tiharita, juragan Jéjé hajat rongkah, indung uing kabagean ngumbah wadah.
Jalema leutik ngan saukur bisa ngusap dada, dua puluh taun ti harita, si Undi reumbay ku cimata, laat-léét ku késang. Mecut akal jeung pikiran teu poho dibarengan ku jumeritna haté, ménta jeung muntang kanu kawasa, nu salila ieu minangka hiji-hijna tempat manéhna mépéndé haté.
Kiwari kahirupan si Undi keuna ku paribasa aya di puncak menara gading. Waktu ku kuring ditanya, jawabna sederhana "Kuring embung ningali deui indung kuring kukumbah dinu hajatan dulur sorangan.

Tidak ada komentar: