TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Minggu, 06 Januari 2013

Kabura






“Keur naon manéh, euy? Meni anteng! Ceuk si Undi.
“Katingalina?” jawab Uhé.
“Euweuh gawé, manéh mah! Bujur hayam ditiupan!” Ceuk si Undi, bari nyampeurkeun.
“Ceuk saha euweuh gawé, apan ieu keur digawé! Malahan mah keur ningalian anu mulya! Uhé ngajawab saceplakna.
“Wuaah, sia mah, bujur hayam disebut anu mulya! Tuh, ustad, parapajabat nu sok disebut nu mulya mah, dina tv ogé!” Ceuk si Undi.
“Teu, percaya kitu? Tah! Jeueung ku nyanéh!” bari ngasongkeun hayam bikang, nu keur nyileungleum.
Kedewek si Undi nyekel hayam. Karék gé rék ditiup. Bujur hayam miheulaan. Crot! Mura beungeut si Undi.
“Tah, siling aya milik!” ceuk Uhé ,bari ngagakgak, ningali beungeut Undi lamokot ku tikotok.*Mbi Chymepm*

Tidak ada komentar: