*Ngabuburit*
Kurang-leuwih opatpuluh taun tak tukang. Dina poé Kemis bulan puasa. Pasosoré kuring indit ngabuburit, dibaturan ku: ‘Ceu Limah, Lilit jeung Nyi Rukmina’. Bekel
duit, dijajankeun sarupaning kadaharan keur buka.
Manjing magrib. Trong! Trong! Trong! Sora kohkol ditakol
tarik pisan. Kuring jeung babaturan masih di masjid gedé. Bring baralik. “Rék
jalan mana, Astana atawa Palédang?!” Ceuk Nyi Rukmina. “Ka astana wéh, méh deukeut!” Tembal Ceu
Limah.
Léos méngkol, motong jalan. Gok! Ka astana. Selengseng
seungit kamper, pacampur jeung seungit kekembangan. Séaaak! Bulu punduk
muringkak. “Itu naon, anu ngebul?” Kuring nunjuk ka kuburan, nu taneuhna masih
beureum. “Hiiiy!” Ampir bareng. Béréték! Lalumpat, paheula-heula. Nepi ka tungtung
lembur, napas ngahegak. “Panasaran!” Haté kuring ngagerentes. Rét! Bréh! Gebeg! Jajantung ampir coplok.
*Kélong Wéwé*
Tibeurang h, Nyi Engkah geus sengar-sengir, bari élékésékéng, teu genah cicing. “Nyi, tos
karaos?” Tanya Bi Munah. “Muhun, Bi! Mung reuhreuy kénéh.” Jawab Nyi Engkah,
bari geus hésé ngaléngkah. “Ulah leuleumpangan diluar atuh! Mana sareupna,
Pamali!” Ceuk Bi Engkah, bari ngaléos muru pancuran, nu deukeut ka tajug.
Wanci geus ngagayuh kapeuting. “Kang! Pilari ayeuna , ema
paraji téh!” Nyi Engkah ngajurungkeun. Léos, indit. Bakating kurusuh, nepika
poho teu mawa obor, panékér gé kalah diculkeun diluhureun bako.
Lebah péngkolan. Handapeun tangkal waru doyong, aya nu
nanya: “Mané ngamana, Nyang?” Atoh teu kudu jauh néang. “Aéh! geningan ema
paraji! Itu pun bojo, tos saborosoteun!” Bring, balik. Setepina ka imah. Teu tata pasini, bus!
Si ema asup ka pangkéng . “Euleuh! Ngeningan, ngeus nolol! Ho’k, ayeuna ngé,
minyil!” Ceuk ema paraji. Teu sawatara lila. Goar! Kaaaang! Jep! Jempling.
Kapireng ku salakina, aya nu ceplak dijero kamar.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar