TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Rabu, 16 Januari 2013

Fiksi Mini Sunda 2



#NGABUNGBANG#

Bulan geus moncorong némbongkeun purnama anu sampuran. Langit lénglang taya méga anu ngahalangan. “Nyi, hayu urang ayeuna ka lisungna, engké mah bisi teu kabagéan halu!” Kuring ngajakan Nyi Tarsih. “Ké, sakedap, shalat Isya heula!” Nyi Tarsih ngawaler. “Sok, énggal atuh, Kuring mah cikénéh!” Ceuk kuring, bari rap maké baju haneut. Léos ka lisung, can aya sasaha.  Dek, kuring tutunggulan. Teu kingsi lila kurumuy nu séjénna. Der,mimiti tatalu, bari silihtémpas, sisindiran, suka bungah. Wanci geus ngagayuh kana tengah peuting. “Hayu, urang mapay leuwi!” Saur Ang Karim. Bring, kuring jeung nu séjénna , ngaleut mapay galéngan. Nepi ka leuwi Kacapi, brus, ting galebrus. Léos deui, ka leuwi lainna, brus deui, tug nepi ka leuwi Jéngkol, awak geus naroroktok, kabulusan. Wanci kasubuhnakeun, kuring balik séwang-séwangan. Satepina ka imah, teu tata pasini, rap disalin,jéwang mukena. Gék,diuk, bari nunggu shalat subuh, kuring neneda kanu Kawasa: “Gusti, nu welasasih, pamugi   hate abdi  purnama salawasna!”





#HAPUR#

Neng Karmini putrana Bah Madro’i, kasumpingan Wanta, anu seja ngalamar. “Neng, kersa teu ka Aa?” ceuk Wanta, ngalalanyahan balaka. “Duka, A!” walerna. “Kumaha, saupami Aa dongkap ka bumi Eneng?” Wanta rada cangcaya. “Mangga, bade ka rorompok mah!” waler Neng Karmini. Sumping ka bumi nyampak sepuhna. Ret, Bah Madro’I, ningal ka Wanta. “Cocok ieu mah dijadikeun minantu teh, ningali tarangna mah siga nu getol ibadah, meni hideung!” Bah Madro’i ngaharewos ka bojona. “Cik, Bah buka soca teh, tapi taros we si Neneng, kersa henteuna mah!” waler bojo Bah Madro’i. “Neneng, kersa janten bojo Wanta?” saur ramana nalek. “Alim, abdi mah!” walon Neng Karmini, bari ngaharewos ka ramana. “Naha, tingali atuh tarangna sakitu hideung balas sujud!” saur Bah Madro’i. “Hor, ari Abah, tingal atuh sing sidik!” waler Neng Karmini. Bah Madro’i nyidik-nyidik, terus ngaharewos ka bojona: “Beu, enya gening, tarang hideung teh lain balas sujud, sihoreng kulit aslina, da anu bodas minuhan kulit beungeutna mah sing horeng hapur.”




*TUMBAL*


Dina malem Salasa, Mang wanta guling-gasahan. Rék peureum tugenah rasa, nya antukna gogoléran dina samak saheulay, bari ngadéngékeun wayang tina radio. Wanci tengah peuting. Seungit kekembangan, meleber minuhan rohangan imah, sora manuk incuing ngelak dina tangkal Huni, koréak pating kocéak, kapireng ku Mang Wanta aya sora roda, ditarik kuda. Beuki dieu, beuki atra ngadeukeutan. “Wanta! Wanta! Wanta!” semu haroshos. Mang Wanta rungah-ringeuh, teu apal sorana. “Wanta! Hayu, bagéan manéh, ayeuna!” sora, méh asa dina suhunan imah.“Aduh, boa-boa ieu mah,” gerentes haténa. “Moal! Lain bagéan déwék! Tuh, bagéean dunungan!” Wanta ngagorowok. Awakna ngeleper. Isukna, éar salelembur, Juragan Réwok tilar dunya.



Tidak ada komentar: