TERIMA KASIH TELAH MAMPIR DI BLOG PELANGI
Blog gado gado yang sangat sederhana

Minggu, 20 Januari 2013

Fiksi Sunda



Patalukan


 Bah Wanta, geus kawentar kamana-mana, anjeuna jawara moyan, ceuk paribasa mah rék jurus naon ogé nyampak. Hiji waktos Bah Wanta diajak ka sérang ku Ki Jarot, sakalian mitembeyan tandur. “Ta, hayu urang ka sawah ayeuna!” saur Ki Jarot. “Kélanan, kuring rék dangdan heula!” waler Bah Wanta. Rap, bédog nu arang kakantun, digaplokeun dina angkéng, kedewek kana padudan. “Hayu, atuh burukeun! Tumpengna bisi kaburu bari!” saur Ki Jarot. Bring, arangkat ka sérang. Sajajalan teu jempé, ngobrol ngalér-ngidul. Pas dugi, nyampak istrina Ki Jarot tos tatahar, ngampar samak dilebet saung. Brak, tumpeng dibuka lajeng didu’aan heula. “Sok, gera prak dinyah, saaya-aya!” saur ki jarot, bari ngasongkeun piring séng ka Bah Wanta. “Alhamdulillah…! Ni’mat nya dahar ngariung mah?” saur Bah Wanta saréngséna tuang. “Enya, matak ngajakan gé, tah nu amisna keur nyeubeuhkeun!”  saur Ki Jarot. Nuju reureuh teu ka tohyan, aya bancet ngagaclok kana sampéan Bah Wanta. Teu tata pasini Bah Wanta luncat, lumpat sakalumpat-lampét.




Seja Nganteuran

 

 Wanci haneut moyan, kuring  ka kebon, nuturkeun salaki nu geus indit tiheula . “Rék, nganteuran Nyi?” Isuk kénéh atuh!” Ceuk Bi Amsih, nanya kuring. “Muhun, Bi! Nyéta ngahaja, indit rada isuk kénéh téh, deuk bari mantuan salaki!” Tembal kuring, bari ngomékeun boboko nu diais. “Nya, atuh jig! Da tadi gé Nyi Onih geus katonggoh, cenah mah rék nganteuran salakina deuih, Aya batur gera, di kebon téh, moal keueung!” Ceuk Bi Amsih. Léos kuring muru kebon, leumpang nanjak, geus karasa ngahégak. Reg, reureuh heula. Ras, ingét palebah dieu téh sok aya oray gedé. Gidig deui, indit. Satépina ka kebon, kuring rarat-rérét, sakuriling kebon di tingali. “Naha kamana, salaki?”  Ceuk haté. Barang rét, kasaung, hareneg! “Bet siga cocotom ,jeung samping Nyi Onih, nu ngait dina lawang saung!” Keteyep-keteyep léngkah rada dilaunan. Bray panto saung dibuka. Koréjat. Ganjleng…Salaki kuring,  méh satengah ditaranjang lumpat duka kama. Kedewek, pakean Nyi Onih dicokot ku kuring, bus diasupkeun kana aisan, ngahiji jeung  kadaharan. “Ah, mening balik!” Gerentes haté. Rét, ka Nyi Onih nu pupurikilan. “Hakan tah Raja Leuweung!”  Ceuk kuring bari ngaléos. Soréna di lembur guyur, Nyi Onih balik ti kebon, awakna dibuntel ku daun cau.







Tidak ada komentar: